
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 09 Mei 2012
Endang Kasupardi: AMANAT
Endang Kasupardi
AMANAT
"Akang mah bohong. Teu jujur", singet eta sms ti Lastri.
"Asli. asli. 100x asli", jawab Bakri.
"Naon Buktina?", tanyana deui.
"Neng Hoyong naon bukti ti Akang", Bakri malik nanya.
'Teu aya. tapi Kanyaah akang ku Lastri di tarima".
"Alhamdulilah...".
"Tapi amanat ti abdi. Kanyaah akang punten pang masihkeun ka tuang putra anu nuju meryogikeun kanyaah sagemblengna", ti harita SMS lastri teu pernah katarima deui.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar