Senin, 07 Mei 2012

Manik Sundayana

Manik Sundayana Wayang Pangangguran Kacarios di marga kuta nagari, toroktok crék gunggg ! Marga hartosna jalan, kuta éta kota, nagari inggih nagara nu janten bubukaning cinarita, toroktok crék gunggg ! (dalang ngenyot heula udud, suruput ngopi) Radén Ujang Subarna Marakadenda, Si nonoman gandang kéwes pantes, Ngalénghoy leumpang semu nu lungsé, Kukurilingan mapay-mapaaay jalan kooota, Ngéngélék map kelir hideung, bangpak bangpak gung gung jerrr ! Ari dina map éta eusina rupa-rupa layang, Aya potocopy ijasah, Aya potocopy mangrupa-rupa piagam, Aya potocopy kalakuan hadé ti pulisi, Jeung rupa-rupa deui nu séjénna, Toroktok crék ! Pangna si radén ngalénghoy, Ti isuk jedur nepika soré jedér, Sok komo ieu poé kalima, Sakabéh nu didatangan sarua pada-pada, Nyaritaaa cenah euweuh lowongan. Toroktok crék ! (Celebek celebek dalang ngahanca bala-bala) Atuh hanjelu haténa, Sakola ngan kari larana, Ngalap élmu ngan kari lebuna, Kalis ngan ukur jadi papaés Sebutan ginding nyaéta sarjana. bangpak bangpak gung gung jerrr ! Ahirna dalang ogé lieur, Rék naooon nu dicaritakeun deuuui. Tutup Lawang sigotaka, Merdeka !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar