Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Jumat, 27 April 2012
Ihat Solihat: Deudeuh teuing Wandi....
Ihat Solihat
Deudeuh teuing Wandi....
Bu..."si Wandi keur ngacaprak" ! ceuk hiji budak hariweusweus bari haruhah-harehoh...Ceuk kuring: Di mana Jang ? Jawaban budak: "Itu Bu di warung". Kuring teu kebat dek dahar waktu istirahat, buru-buru ngaleos nyamperkeun si Wandi, murid kuring anu geus katelah jadi budak pangbaongna...
Barang srog, si Wandi geus dirubung-rubung, panonna burial buncelik, ngomongna ngacaprak. Ceuk nu ngaromong, si Wandi diparab.....Astaghfirullah....ceuk kuring dina hate, aya jelema nu tega nya !!!!
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar