Senin, 30 April 2012

SAMPURASUN

Manik Sundayana
Sampurasun, Sim kuring gaduh usul, kumaha upami Carponpis ngupayakeun hiji karya nyata réréongan, misalna waé novel. Ilaharna novel digarap ku saurang, nanging kumaha upami ayeuna digarap réréongan téa. Upami saurang nyumbang 300 kecap, panginten aya 10 urang janten 3000 kecap. Cara sareng katangtosan : 1. Ulah waka dipasihan tema sareng judul, 2. Naon anu diserat mangrupikeun panyambung ti saméméhna. Anggap waé status nu dikomentaran dugika panjang. Misalna sim kuring nyerat status kieu : Rebun-rebun Nyi Atikah geus aya di kebon, henteu jiga biasana. Paromanna hégar marahmay semu nu kacida bungahna. Sanggeus rurat-rérét sakeudeung nalingakeun sakuriling, inyana muru ka juru kebon beulah Wetan. Geuning didinya téh meni pinuh ku kekembangan, mangrupa-rupa ti mimiti malati nepika nu anyar dipelak nyaéta kembang eros beureum. Nya kembang eros beureum ieu nu jadi panarik batin Nyi Atikah datang. Sanggeus deukeut jeung eta kembang eros, Nyi Atikah ngaluarkeun hapé tina sakuna. Ngan jeprét-jeprét wéh si kembang téh dipotoan. Na jero haté inyana nyarita : "Duh meni aréndah kieu geuning kembang pelak aing téh. Rék dikirim ah ieu hasil potona ka ema di rumah sakit. Atoheun sigana." ............. Tah dugika dinya tiasa diteraskeun ku baraya anu sanesna. Manawi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar