Senin, 30 April 2012

Ambu Sulintang: AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK

Ambu Sulintang
AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK ..................................... tepi ka lembur panonpoe geus surup, motor si kukut teu sirikna satengah digusur asup ka garasi..... culang-cileung panon ngulincer neangan incu, na kamana, naha bet suwung???? biasanamun kuring balik najar atawa tas indit jauh teh sok muru lumpat bari ajrag2an ngarebut babawaan ngotektak oleh2, digero-gero disambat taya nembalan, ukur bi enung lanjang nu ngasuh nyampeurkeun, "tadi teh disampeur ku cep aan, saurna ameng di lapang." manehna hideng mangnembalankeun.... kuring ngembang kadu, hareugeueun, hanjelu, kacipta... mangkaning si aan teh budak lenger jeung harak, malum geus rada gede umurna saluhureun incu, dalah sakolana ge kuduna mah kelas 2 SD. Incu teh umurna kakara 4 taun "euh.... naha diantep? geus dihuapan?" ceuk kuring, bari ngalungsar dina sofa di tengah imah. "parantos, nanging teu patos seueur tuangna, kabujeng kabengbat ameng." deui2 bi enung nembalan. sabab pikiran teu jongjon, teu salin-salin acan, leos kaluar ngajugjug lapang tukangeun imah, angkanan teh rek neang incu tea, can ge engab biwir nyalukan, kadenge nu ngawiwiw ti juru beh kidul, sidik sora incu kameumeut...... satengah lumpat ngudag sorana, kasampak..... Ya Allah Ya Robbi, kasampak incu teh nyakere dina solokan, bari dihalangan ku suku lebah tonggongna ku ..... si aan, teu antaparah kuring ngajerit nyambat incu. Si aan reuwaseun tuluy ngabecir balik. incu ku kuring dihanjatkeun, ceurikna mingkin eueuriheun, leutak kokotor minuhan awak jeung sirahna, bau teu puguh ambeuna, da puguh solokan teh pamiceunan limbah korobokan. nyel ambek ka si aan.... naha aya budak ku bangkarwarah?????mun kongan da diparekoskeun tah sukuna, lain sakali dua manehna ngaharakan ka incu teh. keun siah rasakeun ku aing deuk diontrog ka imahna, tuman......sirah lenglengan, ambekan ngahegak, ambek nyedek tanaga midek, kumaha nya pipetaeun???? Ya Allah, Ya Rabb.... Astagfirullah Hal Adzim, piraku abdi kedah ngagugulu raja wisuna??????

Tidak ada komentar:

Posting Komentar