Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Senin, 30 April 2012
Hilda Iskandar: Ti Pangaosan
Hilda Iskandar
TI PANGAOSAN:
"Ti mana ari mamah soré kieu karak ngampih?" kuring nanya ka Pamajikan
"Na ari Bapa, panan tiap dinten salasa téh Mamah ngiringan Majelis Ta'lim di Alun-alun" témbal pamajikan néngtéréwélang
"Nya meunggeus, ngan naha meni poho nyangu-nyangu acan panan Bapa téh lapar ari balik ngantor téh!" cekéng bari muka lomari makan nu molongpong.
"ih da Mamah gé émut, natak mang mésérkeun ieu!" kitu na téh bari ngaluarkeun bungkusan tina jero tas...
"mawa naon?" rada curinghak
"Euleuh ningan ieu beuleum ketanna gé tos rapet kana buku ngaos Mamah" kituna téh bari balaham béléhém.
Beuh.....
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar