Minggu, 29 April 2012

Eka Gandara Wk

Eka Gandara Wk
Teu hade nyebut putus asa mah. Tapi da kumaha atuh, ihtiar mah geus beak dengkak. Tatamba geus kaditu geus kadieu,teu cageur keneh wae. Kabeneran panggih jeung sobat dalitna, urang lembur tonggoh. "Kunaon On siga aya nu dipikiran ?" ki sobat nanya si Oon. "Puguh enya, mikiran panyakit teu cageur cageur. Tatamba mah geus ka kulon geus ka wetan, geus ka kudul geus ka kaler. Teu sirikna unggal dokter unggal tukang ngubaran geus dicobaan, tapi ieu panyakit haram jadah teu cageur cageur". Sobat si Oon ngarenghap siga nu milu prihatin ka si Oon, tuluy nyarita "Di lembur tonggoh aya kolot nu biasa ngubaran panyakit kitu mah"........Gancangna carita si Oon geus aya di imah tukang ngubaran tea. Hiji kolot nu katempona pinuh ku wibawa tur sidik permana tingal."Bagea Ujang, bagea sumping. Katempona siga siga aya nu dipimaksud. Aya naon Jalu.....? Rek tatamba, nya ? Kunaon Jalu ?" Si Oon tungkul teu wani neuteup pameunteu si Kolot. " Sumuhun aki,....... abdi teh B u r u t ". cek si Oon singet pisan. " Hmm burut......terus kumaha ?" cek si kolot. " Sumuhun numawi kadieu teh..... hoyong sae, aki...." cek si Oon deui. "Eueueuh....., hoyong sae nya ? Gampang atuh, ke dagoan sakeudeung" walon si kolot bari jung nangtung, sup ka kamarna.....Teu kungsi lila kaluar bari song ngasongkeun minyak jeung wedak ka si Oon. "Tah kieu, olesan sing rata nu burutna ku minyak, sanggeus rata wedakan sing rada kandel. Tuluy poyankeun unggal isuk-isuk. Insya Allah sae......" sanggeus nganuhunkeun si Oon mulang. Ti harita unggal isuk-isuk si Oon ngalaksanakeun pituduh si kolot tea. Unggal isuk-isuk "moyankeun" nu geus meunang ngolesan minyak jeung geus diwedakan tea. Enya, moyankeun burutna.....! Sapoe dua poe, minggu geus tepung minggu malah geus aya tilu bulanna "si burut" teu cageur keneh. Ambek nyedek tanaga midek, si Oon ngajorag si kolot tukang ngubaran tea....."Ari sugan teh heueuh tukang ngubaran jago, tukang ngubaran ces-pleng.Geus aya tilu bulanna, geuning Burut kuring teu cageur keneh !" si kolot molohok, terus nyarita"Har ari Ujang,......kapan harita ceuk Ujang hoyong SAE.....lain hoyong cageur.....!"***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar