Sabtu, 28 April 2012

Manik Sundayana: Panineungan lalaki Cetuk Dawuk.

Manik Sundayana
Bah Urto cinekul ngahurun balung ku tulang. Kameja coklat lalayu sekar, dipayuskeun jeung calana panjang komprang cingkrang kelir hawuk, maturan jirimna nu geus cetuk dawuk. Lain, inyana lain kaasup jalma nu bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah sagala aya. Dirina estu manusa kota nu datang ti pasisian. Datang ka kota kajurung ku niat hayang ngaronjatkeun ajen hirup jeung huripna. Welasan taun ti saprak ngumbara ka kota, Bah Urto ge teu bisa disebut sangsara. Ngandelkeun kasab kana dagang sarupaning kabutuhan sapopoe nya lumayan bisa jadi andelan tur andeleun kahirupanna. Atuh lamun aya leuwihna, sabagian rijki diwakapkeun pikeun sautak-saeutik ngawangun di lemburna. Nya lumayan, masigit masigit leutik wae mah aya tapak lampahna ladang inyana kokoreh di kota. Orde lama kajamanan ku bah Urto, ngan harita mah inyana bebenyit keneh, umur tujuh taunan. Tapi inget keneh basa sirahna diusapan ku Bung Karno. Harita inyana sabatur-batur nu saumur, ngahaja megat Bung Karno nu kabejakeun rek turni ka lemburna. Aya sabelas budak nya sebelasanna ku Bung Karno diusapan. Teu lemek teu nyarek eta presiden teh, ngan pamustungan nyarita : "Hayu Ujang, nyai, sadayana, Bapa bade nepungan sadayana nu aya didieu. Sing balageur nya ?" Orde Baru mah puguh deui. Orde nu cenah kacida nyengkerna kana sagala rupa nu beda ti kahayang pangagung. Tapi mungguh inyana mah nya biasa-biasa wae, tara aya mas'alah nanaon jeung pamarentah. Ngan memang dina cumarita, ngedalkeun pamanggih, jeung nu sajinisna, karasa pisan disengker. Loba kabejakeun koran itu koran ieu dibredel teu meunang medar. Pon kitu sababaraha ahli elmu loba nu ahirna tara minton dina tipi. Cenah mah kusabab ngritik pamarentah. Ayeuna Bah Urto aya di jaman reformasi, jaman dimana sakitu bebasna jalma-jalma ngedalkeun pamanggih. Geus teu jelas deui saha nu nyarita saha nu ngadenge sabab ampir sakabehna milih pikeun nyarita. Saheng, reang, teu puguh dengekeuneunna. Nya lamun nu cumarita kaasup kulawadet ahlina mah bisa dima'lum, ngan geuningan jalma awam oge loba nu lauk buruk milu mijah. Ahirna nya lauk nu keur mijah jadi kabawa buruk. Jauh panineungan paneuteup bah Urto lamun nyawang mangsa-mangsa katukang. Asa cikeneh sirahna diusapan ku presiden, sajorelat waktu puluhan taun teu karasa ninggalkeun. Teu karasa, aya nu merebey lalaunan tina juru panonna. Lain cipanon kasedih, lain oge pedah gumbira. Meureunan cipanon nu ilahar kaluar lamun aya manusa nu keur kagagas. Rentang-rentang ti kaanggangan inyana ningali aya rombongan jalma ngagotong padung. Atuh tina hatena kaluar gerentes : "Inalillahi Wa Inna Ilaihi Roji'uun. Duh Gusti, abdi oge bakal satakdir nangkarak baeud jiga nu ayeuna nuju digotong." Cilegon, 28 April 2012

1 komentar:

  1. siiiplah,abdi nuju hoyong diajar ngadameul carpon,haturnuhun postingan na _/\_

    BalasHapus