Senin, 23 April 2012

KWARTET CANPORPIS

Jos Sajah
Carponpis Isuk-isuk lol "Pa ... nyuhunkeun kanggo pulsa". Beurangna lol deui "Pa ... nyuhunkeun kanggo pulsa". Sorena geus lol deui wae "Pa nyuhunkeun kanggo pulsa" Bada maghrib lol ... "Dipake naon bae atuh pulsa teh ? ... Baca geura carponpis ... baca !!!. "Naon carponpis teh Pa ?". "Enya Cara Nelepon Supados Gratis ... !!!" ________________________________________________________________________________________ Ruhiyat Sumardiharja
Bintitan Jadil : ” kunaon mata maneh bintitan, sok ngintip nya?” Jadul: ” Is amit- amit teuing ! ” Jadil : ” soalna jalma nu matana sok bintitan mah, hobi ngintip ” Jadul: ” is teu kitu atuh da orok oge sok bintitan” Jadil : ” eta artina orok oge sok ngintip ” Jadul: ” ngintip naon, leumpang can bisa! ?” Jadil : “ nya tanya bae ka indung bapana! “ ___________________________________________________________________________________ lies tjandra kancana sudarma
" Manehna teu nyahoeun " Ieu hate rajet , ieu jantung asa runtag, ieu otak asa buntu. ! Kuring geus teu bisa seuri, geus teu bisa bela diri, geus teu bisa ngomong. Geus apatis asana hirup ge keur naon?. Naha ti poe ka poe ka poe kuring ngan bisa ceurik, Naha kuring teu bisa nyarita yen kuring hayang imah leutik keur kuring cicing sorangan? nyanghareup ka gunung.aya walungan leutik Sorangan we!. Nu matak nyeri hate, nu nganyerikeun teh,nu dipikanyaah pisan ku kuring.....Nah manehna teu ngartieun?.... ___________________________________________________________________________________ Bunda Unie
Ditungtung Jalan Gatot Subroto Reg, lengkah ngarandeg nalika ngaliwat hareupeun BSM. Tempat nu jadi panineungan kuring jeung manehna. Mangsa cinta jeung sono mapaesan rasa. Ret, ka tempat parkir... Nya, didieu pisan paturay. Kiwari, jentringna kawih-kawih kasono kuring ka manehna kadangu sumbang sorana....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar