Senin, 23 April 2012

PROSA LIRIS KU JOS SAJAH

Jos Sajah
Prosa Liris: Kabita ku anggota CARPONPIS nu tos parigel nyerat carpon kalayan seratanana munel estu ngaayun ambingkeun rasa kanggo sim kuring nu maosna. Euleuh ... cik cik cik asa panasaran !, sim kuring ngagutrut nyerat carpon sapertos aranjeuna. Sajam satengah beres tah. Naaa ... ari diaos deui naha geuning matak seueul ... ???. Tah ieu carpon sim kuring teh : Enung ... Weleh cimata teh carinakdak, ngamalir kana pipi nu karadak. Hate weleh ngarakacak lir cakcak anu matana pecak, emut kana imut Enung nu kuyumut ... da asih mah wening sagala teu kenging. Dadampar hate legok katincak jalma nu mengok, Ci ibun awor ku sono nu ngagolontor bakating ceuceub ka nu sakalor. Endah cinta urang mung kantun barangbang nu diduruk di saung butut. Pasti pakburusut. Keun we Enung ... ulah rempan ku mangsa da nu ngamangsa mah ngan saukur sabangsa singa. Urang saliksik deui asih urang duaan di sisi leuwi, leuwi katresna di leuwi loba nu mandi. Hate akang ka Enung melendung, katresna akang kanu geulis kulimis rumaos teu luar leor mapay sawah. Lamun seug mangsana datang, mugi Enung ulah mundut anu pondok ... Emut Enung, nu pondok mung kanggo si londok nu paeh nundutan. Langkung sae hayu urang mesat gobang kabuyutan. Emut Enung, sumpah akang parantos di-inbokeun ka Enung, mun akang jalir tina calana akang bakal tikusruk kana durukan. Hate akang estu caang baranang siang, cinta akang estu herang mencrang ... trang trang kolentrang, ibarat barangbang ... bang bang kalima lima gobang. Naon deui atuh Enung ... sagala rasa geus nyampak di tengah sawah, sawah wahai tukang bajigur. Kadeudeuh ngampar saban menit, saban jam jeung saban poe diajar, eta teh jarum paragi ngaput. Katresna akang weleh keur Enung moal kasilih ku putri nu gareulis. Akang moal rek pundung pedah suwung ku daun kangkung deukeut lisung, sabab lisung kapal udara. Enung ... geus mangtaun taun Enung di Batawi, bareng jeung ajag nu ngarebut Enung ti akang ... Omat ulah hilap ka akang ... Cinta akang ragrag di Jakarta. Tangtuna taun dalapan puluh hiji

Tidak ada komentar:

Posting Komentar