Minggu, 29 April 2012

BAKAL CALON

Mamat Supriatna
BAKAL CALON Gambar-gambar anu ngajeblag dina lawon rubak teh beuki lila teu ngajirim. Keur mah ti saprak dipajang loba nu nanya saha-sahana. Ieu mah dumeh unggal poe kaliliwatan, kapaksa ditempo, ditelek-telek, geuning euweuh beungeutan alias awakna wungkul. Hayoh ngajagragkeun awak tanpa beungeut hayang dipilih bakal calon walikota atas nama rahayat anu tara dihiap-hiap. Atuh puguh sakur rahayat anu ngaliwat sapuk kumpul di lapang rek ngadu’a sangkan sakabeh gambar awak teh teu tulus jadi calon. Dadak sakala, sanggeus ngadu’a angin ngagelebug nyoplokkeun gambar-gambar awak, terus ngalayang, ngagulung, bruggg….gorolong brus kana durukan nguntab-nguntab. Gambar-gambar awak musnah, tapi tetep aya nu jeneng walikota! Cimahi, 28042012 (Saptu tabuh 11:07)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar