Minggu, 29 April 2012

Poe Senen

Dennykurniadi Kurniadi
Poe Senen: Basa Nyai keur nyeuseuhan di pancuran. Inget keneh harita teh wanci haneut moyan. Akang ujug-ujug nyampeurkeun, teuing timana jolna. Sarangah serengeh gumasep. Tuluy cingogo bari ngelepus udud. Serebung haseupna bijil tina liang irung. Puguh Nyai era parada. Rek ngejat hanjat deui ka tonggoh, kagok erok geus cipruk ku budah sabun. Ongkohna deui seuseuheun ngalumbuk keneh. Nya kapaksa Nyai tuluy ngagiles bari hate mah keuheul oge. Rek nanahaon Kang Udung ka dieu, pok teh na hate. “Tos ibak, Nyai?” ceuk Akang bari ku angger sarangah serengeh. Malah kasebeleuna teh bari kucap kiceup sagala. Samemeh biwir nembalan, hate miheulaan ngagerentes: “ih, dasar lalaki cunihin, naon maksudna make nanyakeun geus mandi acanna. Hayang nempo awak Nyai nu koneng umyang kitu? Atawa meureun hayang lalajo bujur? Oh, nyaho. Meunyi, moal ditembongkeun kanu kitu patut. “Aduh mani seueur nya seuseuheunana. Wios dibantos ku Akang?” ceuk Akang keneh rek sagap-gapeun nyampa seuseuheun dina ember. Palebah dinya mah Nyai wani nembalan, sabab geus nyangkut kana soal harga diri, ajen inajen hiji awewe. Keheulaanan ari perkara seuseuheun kudu direbut ku lalaki mah. Keun urusan nyeuseuhan mah urusan awewe, lalaki mah hiber kaituh neangan kipayah. Ah, ketang babakuna mah era we bisi manehna ngagiles jeroan. Leuheung mun nu Nyai aralus keneh karek meunang meuli ti Ceu Rohmah tukang baju geblugan. Heg teh nyeuseuhan jeroan nu si nini, nu kacatur geus lada tur saroek. Tada teuing wirangna. “Teu kedah, ah,” ceuk Nyai guraweud. Akang cingogo deui. Pok nyarita; “Nyai saleresna mah aya nu bade diobrolkeun ka Nyai teh. Akang bade balaka ngadugikeun naon nu aya dina hate Akang danget ayeuna,” ceuk Akang malapah gedang tidituna mah.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar