Minggu, 29 April 2012

Sayembara

Dery Andriawan
Sayembara: Dina raraga ngabebenah kota Bandung. Walikota ngayakeun sayembara, Sing saha anu bisa ngabereskeun masalah kamacetan, di bere duit samilyar kontan. Hiji-hiji warga Bandung anu ngarasa pinter, di titah asup ka rohangan Walikota. Nepi ka salapan jalma can aya anu bisa mere solusi anu diharepkeun ku Walikota. Maranehna kaluar ti rohangan bari lengoh jeung tungkul era. "Kabayan..!" Kadenge sora tina sepiker nyebut ngarana, Kabayan ngageudig asup rohangan. Beda tinu sejen, kaluar ti rohangan , Kabayan ngajingjing koper badag, hatena bungah kacida. Wartawan anu ngarubung nanya "naon anu ditepikeun ka Walikota?". tapi Kabayan ngabetem teu ngomong sakecap-kecap acan. Saminggu ti harita, Pamarentah ngenakeun aturan "Car Free Day" dina poe minggu, di sakabeh jalur jalan tol anu rek asup ka Kota Bandung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar