Senin, 30 April 2012

Lucky Bachtiar

Lucky Bachtiar
Rahul Bébéakan Jang Kardan gigisik hudang sare, tenga-Tengo kana jandela Lawang nu dijieun tina tarigu. Geus rada beurang geuningan, panon poe gingsir ngulon. Nya kitu da ilaharna Mah, pas Tengah poe kirawanci selai 7, srangéngé teh pas pisan luhureun sirah. Ngarasa tikoro asa tuhureun, atuh gura-giru Jang Kardan Naek ka para. Geuning caang nemra di ayat teh nepika teu katempo curuk-curuk acan. Geuwat leungeunna ruwal-rawél. Aya kénéh geuning kamari kakarén beurang. Ranginang paméré ma Atikah. Sanggeus paruh ngadahar ranginang lima Siki mah karasa leungit hanaangna. Tikoro nu tuhureun dadak Sakala cageur. Tonjolan Jang Kardan turun-Rek mandi. Saméméh mandi manéhna nyopolokeun heula sirahna. Eta sirah disimpen di kulkas jero. Sina rada haneut bangunna mah. Nya ma'lum rada balideg, lamun sirah nepika ka banjur ku cai Matak Jangar. Gejebur-gejebur Jang Kardan mandi. Tarik pisan sora gegejeburanna teh nepika kadéngé ka Mekkah sok padahal meuntas Laut. Bari mandi teh ngan leguk-leguk weh cai diinuman nepika paruh satengah bak. Lumayan, leungit rasa laparna. Beres mandi Jeung dangdan sapuratina, Jang Kardan diuk lalajo tipi. Lugina karasana diuk dina luhureun tempat areng nu Keur meujeuhna ruhay. Kabeneran Acara dina Tipi teh nu pang dipikaresep ku manéhna nyaéta maen bal ku leunca. Jang Kardan poho deui masangkeun sirahna. Atuh eta sirah teh tibra deui weh di jero kulkas nu memang haneut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar