Senin, 30 April 2012

Lucky Bachtiar: Hiji Wanci Di Parapatan Jalan

Lucky Bachtiar
Hiji Wanci Di Parapatan Jalan Jatnika nangtung di parapatan rék meuntas jalan. Sajung-jungeun sukuna ngalangkah da lampu beureum geus hurung, tapi bedo. Kapugag léngkahna kusabab sarérétan ningali sédan mérsi. Ari nu tumpak nyaéta jalma nu kacida dipiwanohna. Kabayang dina pikiranna rék kamana éta jalma ngajugjug. "Beu, hasil pamaksudan nu mimiti meureunan. Ayeuna rék neruskeun babadamian tahap kadua. Nya sing salamet wé anjeun. Urang hirup babarengan doraka pipisahan." Kitu gerentesna. Lampu geus héjo. Kandaraan rabeng deui ngajugjug ka tujuanna séwang-séwangan. Jatnika mah tetep wé ngajega nangtung. Pikiranna pinuh ku mangrupa-rupa kalangkang. Kalangkang tina pangalaman-pangalamanna nu geus kasorang. Bakat ku anteng dina implengan nya teu katalingakeun nu aya di sisi jeung satukangeunna. Manéhna rada ngarénjag kagebah ku hiji sora : "Pasihan Gan, pasihan !" Kitu éta sora téh. Barang dirérét geuningan si bibi nu biasa jajaluk di términal Wétan. Harita si bibi mamangku orok nu ditaksir mah can sataun umurna. Jatnika nalék bari ngagelenyu. Haténa mah ngageuri ningali orok nu geus dipaké goroh. Orok diséwa-séwakeun pikeun bérémaén. "Aéh geuningan bibi. Bibi mah moal apal ka abdi tapi abdi apal pisan ka bibi. Lain nu sok di terminal Wétan ieu téh ? Gunta-ganti orok waé atuh, bi. Ari nu kamari dikamanakeun ?" Song Jatnika méré 2000 pérak ka si bibi. Si bibi teu lemék teu nyarék, teu nganuhun-nuhunkeun acan. Kateunggar ku éra meureun. Ngan léos wéh manéhna ninggalkeun Jatnika. "Teu nu di sédan teu nu jajaluk, beuki pisan kana goroh téh geuning." Kitu ceuk haténa. Lampu geus beureum deui. Atuh ayeuna mah teu kapugag léngkah Jatnika. Hawar-hawar kadéngé adzan wanci ashar. Panon poé geus gingsir ngulon, cirining kahirupan jalan terus. Siga argo taksi nu lalar-liwat di éta jalan. Jatnika ngajugjug ka masigit.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar