Minggu, 29 April 2012

Dedi Ruspendi: KASEBELAN

Dedi Ruspendi
KASEBELAN Dua taun katukang waktu nyorocos hareupeun Ketua MUI Kacamatan, ngeunaan larap lampah zakat dina ugering hirup. Sugan teh ngabandungan ari pek teh terus ngobrol nu lain-lain jeung baturna bari panonna peupeureudeuyan duka naon maksudna. Ahirna kuring eleh deet ninggalkeun buku nu dicaritakeun meunang ngarang kuring. Datang ka imah kuring nekadkeun jeung kulawarga nyieun Baitul mall Kulawarga. Ti harita teu setor zakat ka masjid. Hak fakir jeung miskin 2/8 dibikeun ka Mang Ade, jeung nu miskin pisan di lembur. Nu sejenna dipake modal awal Koperasi keur nulungan nu kagerejud ku si Batak rentenir. Sakali Waktu Ketua MUI Kecamatan teh dakwah di masjid. "...Teu gampang ngadegkeun Baitul Mall kudu aya legal formal ti pamarentahan......" Asa nyentug kana rasa da kuring nu ngadegkeun Baetul Mall Kulawarga, anggap we zakat komunitas. Keu wae ah Anjing mengonggong Khafilah berlalu. Dua tahun ngadeg Koperasi Alhamdulilah aset Koperasi kiwari geus bisa mere nganjuk ka anggota gedena 5 juta, nya keur jalma leutik mah bisa keur nambahan hajat ngawinkeun budak atawa nyunatan. Atuh buka warung leuleutikan oge bisa. Infakna 10 % ngan bunga tunggal. Itungan gampangna mah, dicicil sapuluh kali, nu kasabelasna infak, teu bungaan deui najan telat mayar ge angger we infakna teh sakitu. Na ari kuruyung teh nu dakwah di mesjid. Urang kudu merangan rentenir nu berkedok koperasi make bunga 10 % cenah. Kuring ngarti lamun renten mah 10 % pasti nyangsarakeun anggota sabab bisa jadi pokok jeung bunga bakal jadi gede bunga. Tapi kapan ieu mah 10 % teh bebeng, teu nambahan samalah bisa ngurangan lamun anggota ngarasa beurat keneh mah. Keun wae deuh rek ngahajakeun taun hareup mah geura anggota Koperasi anu karek 50 jelema teh titah mayar zakat ka Baetul Mall kuring najan leuleutikan. Sugan modal Koperasi umat nambahan nepi ka bisa meuli Toko Swalayan nu lolobana gableg bangsa Asing ditempat kuring mah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar