Minggu, 29 April 2012

Dedi Ruspendi: WA HAJI

Dedi Ruspendi
WA HAJI: Nelah wa haji soteh saparantos angkat ka mekah. asalna mah estu jalma biasa-biasa nu teu tentrem di masjid. Aber-aberan we ka maqam jeung tempat anu suni upami ditaros walerna : ".....Uwa kacida hariwangna ka ahlaq jeung moral bangsa, aber-aberan ka maqam oge hayang meunang pituduh ti Allah sangkan bisa ngabebenah bangsa jeung nagara. Kapan Nabi Muhammad sareng Ibrahim oge ngantunkeun tempat ibadah, milari tempat suni memeh dipaparin tuduh jalan teh..." "...Tos mendak tuduh jalan wa?" Kuring muka obrolan ka wa Haji. "Encan jang, teuing kudu kumaha memeres bangsa jeung nagara teh". Kuring mesem "....Wa kapan Nabi Muhammad oge kenging tuduh jalanna di Guha Hira. Angkat geura Uwa ka ditu....". Wa haji nyentak "...Gableg duit timana ua kudu kaditu, kapan keur jarah didieu oge ngaduakeun huap jeung duit salingkuh ti pamajikan...." Nanging kitu kakawasaan mantena, wa haji angkat ka mekah duka gaduh artos salingkuh timana. Enya we dongengna, salami diditu teh ngadon wirid sami sareng di maqam di urang nyorangan di Guha Hira. Batur ka hotel teh anjeuna mah ninggalkeun maneh. Balik ti Haji kalah ulukutek di hiji dalang. Teu pira tukang mang nyieunkeun cikopi jeung mang ngumbahkeun mobil, sakapeung sok mang nyupirankeun lamun dalang indit atawa boga acara. Wa haji jamedud ti kajauhan tara-tara nyampeurkeun ka kuring gentak we ditanya "....Timana wae dupi wa haji meni lawas ti lawas, kumaha hasil orod di Guha Hira teh...." Jiga nu lungse ngalungsar dina bale "....Jang uwa teh meunang tuduh jalan pikeun memeres bangsa jeung nagara kudu ngahijikeun dua samudra anu lega tur jero. Teangan mataholang ki Sunda, kitu pituduhna teh..." Wa haji narik napas panjang "....Hanas uwa sataun jadi badega di hiji dalang hayang nyaho mataholang Sunda kapan dalang mah tingkat budaya nu pangluhurna. Meh sataun jang barang gorehel teh eta mah kamusyrikan jeung pasirikan...." Kuring neuteup wa haji anu jauh panineungan....."..Dimana atuh mataholang ki Sunda...???????" Wa haji ngagerendeng. Kuring naghuleng.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar