Minggu, 29 April 2012

Dennykurniadi Kurniadi: ELING KABURITNAKEUN

Dennykurniadi Kurniadi
ELING KABURITNAKEUN Diuk téh nangunyar lambar na trotoar Jalan Déwi Sartika. Ngareureuhkeun kacapé tas kukurilingan teu puguh jugjugan. Hanaang mah nataku tapi teu sapésér-pésér acan keur meuli sirop. Langeor aya awéwé duaan ka alun-alunkeun. Ngaliwat kana tonggong. Ana dirérét naha kawas langeorna Yuyun. Haben diteuteup disidik-sidik. Ah, enya moal salah pasti Yuyun. Tuh katempo potongan buukna. Piraku kasamaran da puguh rumah tangga jeung manéhna geus ngawelas taun. Haté galecok bari angger melong nu keur leumpang. Lah-lahan dituturkeun. Gebeg enya baé Yuyun, kaciri aya karangan dina gadona. Nu dipelong kalah siga nu sieun, bingbrit ka wétankeun. “Yuyunnnn………………” Nu digeroan ukur ngalieuk. Bingbrit deui malah leuwih gancang leumpangna. Les ngiles teuing kamana léosna. Leungiteun tapak kahalangan ku pabaliutna jalma hareupeun Palaguna. Leketey, leuleus satulangsandi. Nyeri peurih alahbatan digerihan hinis. Bati cumalimba, nganaha-naha diri sorangan. “Karasa ayeuna mah. Lampah goréng téh geuning goréng deui wé balukarna. Tétéla hukuman keur jalma nu ingkar entong-entong di ahérat, dalah di dunya oge geus ditembongkeun,” haté ngarakacak. Kaduhung sagedé gunung, hirup teu nincak kana tetekon. Kalah kajongjonan guyang na leuwi nu pinuh ku geugeuleuh téa. Bray…panon beunta, geuning geus aya di hiji rohangan. Rut rét, aéh-aéh naha loba jalma, tapi geuning siga nu garélo? Dimana ieu téh?***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar