Minggu, 29 April 2012

Yuharno Uyuh ONod

Yuharno Uyuh ONod
Di lembur mah geus ilahar lamun aya hiburan tatanggapan dinu hajat, memeh prung teh sok loba sambutan ti aparat desa, pihak kamanan, tokoh/kokolot lembur jeung wawakil tinu boga hajat. Ari sambutanana sok ngacapruk kamana karep matak pikakeuheuleun nu lalajo. Pas bagean sambuta kepala desa. " Punten ka para panongton supaya diregepkeun, aya hiji hal anu ku simkuring disampaikeun.., nyaeta salila simkuring ngajabat jadi Kades can pernah curang atawa koropsi..., lain pedah hayang dipilih deui, lain eta tujunana. Ngan sakali deui simkuring mah salila ieu can pernah nggagasab duit ra'yat... sajongjongan jep hadirin jempling. Na atuh bet aya nu aya ngagorowok, sihoreng budak lurah kelas genep SD. "Bohong ketang si bapa mah ngawadul..., ari duit keur nambahan mayar motor si AA, apan tina beas raskin... Budak nyaritana bari lumpat. Lurah kaget reuwas asa diwiwirang ku budakna. Pok deui nyarita. "Hampura ka hadirin.., tong percaya ka budak, percaya mah ka simkuring, sakali deui..., simkuring can pernah koropsi sakumha anu digorowokeun ku pun anak tadi, eta mah gosip, da anu sabenerna meuli motor lain tina raskin tapi tina duit pajeg..... Atuh ari ger teh anu lalajo seuri bari pating gorowok.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar