Minggu, 22 April 2012

Iman Santoso
TILU nonoman anu kabeneran keur dina mobil sedan rareuwaseun, teuing timana datang na ujug – ujug aya motor Harley Davidson nyiap!. Anu numpakna ngajorowok meni tarik “Hoooi! Geus kungsi numpak Harley can?” geus nanya kitu, belenyeng ngagas motor tarik pisan. “Naon jelema teh, karek naek Harley wae mani geus ujub, diudag siah kuaing!” Ceuk nonoman anu nyetir. “Heueuh udag lah tuman!” Tembal baturna. Eta mobil sedan teh ngabelenyeng ngudag Harley, teu kungsi lila eta Harley teh geus kasiap deui.Tapi teu lila, Harley teh ngudag deui mobil sedan, bari nyiap, anu naek na angger ngajorowok “Hoooi! Geus kungsi numpak Harley can?” geus nanya kitu, belenyeng nyiap tarik pisan. “Sing tabrakan siah! meni olo – olo manusa teh!” Ceuk nonoman anu nyetir ambekeun pisan. Na ari pek teh kabeneran , Harley anu tadi teh tabrakan. Anu numpak na katinggang ku motorna sorangan. Sanggeus nyaho anu tabrakan teh Harley anu tadi nyiap, tilu pamuda ngeureunkeun mobil na, terus turun nyampeurkeun kanu tabrakan. “Hoooi! Geus kungsi numpak Harley can?” Ceuk anu numpak Harley bari pupuringisan nahan kanyeri. “Na ari maneh sakitu geus tabrakan jaba katinggang motor masih keneh olo – olo! hayang naon maneh teh?” Ceuk salah sahiji nonoman bari molotot. “Lain, uing mah nanya teh, lamun geus kungsi numpak Harley, pangbejaankeun ngerem na kumaha?” Ceuk anu tabrakan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar