Minggu, 22 April 2012

TRIO CANPORPIS

Rd Okke Chandra
kanyataan hirup: Loba pamajikan nu daek dimadu... tapi asa euweuh salaki nu daek di racun....
Rifan Sahrony ‎"TAMAHA" Ai,sanes salira kantos nyarios, sawatra taun kapengker majar bade satia satuhu.Najan dahar isuk teu sore bari ukur karo uyah.Sadayana masih keneh nongtoreng waktos urang tepang dimumunggang ngaitkeun tali pasini.Ai nyangheuy dina dada,mangsa harita kebek ku rasa bagja.Ayeuna, Ai,bet ngarasula,nogencang karep subaya teukiat kucocoba.Saur Akang oge teu kenging tanggah kaluhur,bilih titajong.Pantes we atuh ari ceu Haji mah nganggo geulang semet siku, kongkorong ngambay semet bujal da anjeunamah bandar beas.Ari Akang,? Alhamdulillah tiasa keneh nedunan kawajiban masihan nafakah sa ayana sakawasana.Aya milik ti Pangeran muji Syukur,teu aya, tamada. Upami Ai,masih keneh sanggem dicanadak sangsara ku Akang,mangga urang silih belaan.upami teu sangem, bral,! Teu geuneuk teu maleukmeuk kadar Ai pinangih bagja." Kitu carita panjang lebar Jang Yuda maprahan bojona nu keur luak leok katebak angin haliyah dunya. Ai,teu nyarita sakemek,ngeluk tungkul siga bueuk meunang mabuk,rasa rumasa keur nyaliara dina raga, bongan sorangan.Tamaha kana diri.Nasib teubeunang di pungkir kadar teubeunang di singlar papasten Gusti Yang widi. Ai, neuteup seukeut ka salakina,teu karasa aya nu ngembeng na juru mata.Gabrug, ngarangkul jang Yuda leungeun tipepereket bari nyegruk nyuuh dina dada. Dua nana paungku-ungku hujan cimata narimakeun nasib nu karandapan. ^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^ Kang Tie
Bangbara Subuh. Hunyudan halimun peuyar di sorot lampu mobil. Kuring diuk ngeluk di hareup, peupeureukeut nahan cimata. Gigireun. Manéhna anteung neuteup kahareup, dua leungeuna napel kana setir. Teuteupna liuh jeung imutna, nengtremkeun bingung baluweung nu karandapan kiwari. Dua kali, Manéhna kapergo keur merhatikeun diri kuring. Bray, tembong. Kamar hotél nu eusina serba wah! Tapi nu écés nongtoréng ukur sora Manéhna, bruk-brak mukaan eusi haténa, némbongkeun sagala kahayang jeung harepana ka kuring nu geus teu bisa nyumputkeun deui ieu hianat kanu jadi salaki. Sora Manéhna nu ngeleter, kuring ukur unggeuk jeung sumuhun dawuh: Anéh! Basa nempo albeum lawas, najan di olo ku siAngkrek jeung siMelur gé, peuteukeuh hayang ka Mawar! Ceuk tante ulam, basa kuring ngarohéap deui ka gedong nu ...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar