Senin, 23 April 2012

Iwan Hanjuang
Wew.
Aya Ibu gegeden balanja ka Mall, tangtu we sabab gegeden, balanja teh aya pangawalna Basa ngaliwat ka hareupeun jang Otang, kulantaran ibu gegeden teh geulis, pangangguran jang Otang teh ngomong” Wew wew wew wew geulis” Barang ngadenge jang Otang ngomong kitu, Ibu gegeden teh, kasinggung tuluy nitah pangawalna newak jang Otang, harita keneh dibawa ka kantor pulisi diprosesverbal, dengan dakwaan kata-kata tidak mengenakan.Ti Kantor pulisi langsung jang Otang dijagragkeun ka pangadilan. Jaksa : Pa Hakim, sodara Otang telah menghina Ibu gegeden, waktu Ibu ini ngaliwat sodara Otang ngomong “wew wew geulis” mohon sodara Otang diberi hukuman 5 bulan penjara. Hakim : Sodara Otang, betulkah sodara waktu Ibu ini ngaliwat bilang wew wew geulis? Otang : Tidak pak Hakim, nu dituduhkeun jaksa kurang wew na, yang betul” Wew wew wew wew geulis. Pek tuluykeun lah ku nu maca……..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar