Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Senin, 30 April 2012
Neneng Sitanggang: Fiksimini #Raheut#
Neneng Sitanggang
Fiksimini #Raheut#:
Teuteup anteb, telek neuteup méga bodas nu pating aruntuy tina jandéla,
Lamunan ngalayang mulek ka mangsa katukang, mangsa manéhna medar sagala rasa nu rokaha na dada...
Kasono taya kendatna, kanyaah taya laasna, katresna mo aya sudana, éta angkeuhan nu harita pageuh meungket asih duaan,
Kiwari kari lalakon nu sakapeung sok datang ngaléléwa, ngajak ngaguar deui rasa nu kuat nyaliara na jero dada..
Angin peuting ngananaha, bulan nu pias ngaléléwa, nyampurnakeun raheut nu gudawang, nu teuing iraha garingna...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar