Senin, 30 April 2012

Eka Gandara Wk

Eka Gandara Wk
Ari usum hujan kieu teh sok ras inget kana pangalaman sorangan jaman barudak laleutik keneh. Balik kuli harita teh, kasampak barudak keur kekeceprekkan , huhujanan. Teu mangrupa da puguh bari guyang ulin leutak. "Tah papap uih !"indung budak ngabejaan bari nyingsieunan barudak tidituna mah. " Teu kenging diwagel, tah, kalah ngahajakeun geura.....!"cek indung budak sieun disalahkeun. Nempo kuring nulak cangkeng barudak teu wani nyampeurkeun, angger cicing di buruan bari meresihan leutak disakujur awakna. Ras inget ka sorangan keur budak oge sok resep mun huhujanan bari ulin leutak. Tapi ayeuna mah geus beda jaman. Kuring kudu mantuan indung barudak "menegakkan kewibawaan"......! Bari angger nulak cangkeng ditambahan ku rada molotot kuring ngamimitian acting : "Kadarieu...!" cek kuring rada ngagorowok, barudak nyalampeurkeun bari tungkul teu wani nempo sang bapa nu keur bendu. Kuring neruskeun hanca acting tea, ayeuna mah bari rada nyentak : "Teu bisa dicarek ku mamah mah, ku papap yeuh...!" Volume sora rada ditambahan : " Sok, mending huhujanan atawa mending disintreuk !".... bari nginghak rek ceurik barudak rampak ngajawab :"...........nya mending huhujanan !".....acting kuring teu kebat da rumasa salah mere pilihan, indungna ngehkey nyeungseurikeun kuring.....!***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar