Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Minggu, 29 April 2012
Diki Nugraha
Diki Nugraha
aya hiji budak meujeuh na beuki ulin, hiji mangsa budak eta keur ngolo ka bapa na
"bapa, pang meser keun ujang sapedah era ku si udin geus boga sapedah ari ujang meni ka sakola ge leumpang" ceuk budak teh
" ah jang hirup mah ulah loba kahayang, jeung hayang boga sapedah, nu penting mah urang bisa dahar ge cukup" ceuk bapa na bari nuar tagkal cau
hiji mangsa deui budak eta ngoloan deui hayang di pang meuli keun PS (playstation) ka bapa na
"bapa, hoyong di pang meser keun PS jiga nu si asep, da era milu maen PS wae ka si asep"ceuk si ujang ngoloan
"jang, hirup mah ulah loba kahayang, jeung hayang boga PS sagala, nu penting mah urang bisa dahar ge cukup" ceuk bapa na ngabebenjo keun
pas wayah na di bagi raport bapa na ambek ka si ujang pedah raport na teh garoreng peunteun na
"ujang, nanaonan ieu peunteun meni bareureum kieu, garoreng kabeh" ceuk bapa na bari ambek
bari ngaleos si ujang ngajawab
"aaah pak hirup mah ulah loba kahayang jeung hayang boga peunteun alus, nu penting mah urang bisa dahar ge cukup"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar