Minggu, 29 April 2012

Yuharno Uyuh ONod

Yuharno Uyuh ONod
Si Aki jeung si Nini unggal isuk langganan meuli jamu gendong, tukang jamu teh ngora keneh pangawakanana jangkung lenjang kulitna beresih teu hawuk cara sejena. Hiji waktu si ayu tukang jamu tea kapeutingan, nya ku si nini jeung si aki dihiap dititah mondok. Si Ayu jamu atos asa diaku. Kulantaran imah si aki mah teu boga kamar kapaksa sarena dijuru deukeut lawang ka dapur. Si aki jeung si nini juru tengah imah teu jauh jeung si ayu jamu. Tengah peuting si aki sarena guling gasahan teu tibra, da memang can sare da ngadagoan si nini sare. Si nini bangun surti kana galgat si aki. manehna api-api sare terus kekerekan. si ayu mah sarena tibra psan da cape tas dagang jamu, sarena bari kancolah posisi sarena teu merenah, katangen pisan ku si aki. Si aki ngadenge si ni kerek teh meni atoh kacida. Manehna nangtung bari cungas cengos ngalengkah ngeteyep ngadeukeutan si ayu. Lengkahna jiga anu keur rek ngareog atawa nyalung. Salengkah... dua lengkah.... Barang geus rek deukeut ka si ayu si nini hudang bari nepak bujur si aki. "Aki...., rek kamana...? Si aki reuwas kacida. Tembalna. "Aduhhh puguh ngimpi ngareog kami teh, pokna. Bari nyapertikeun sora reog terus nguriling. "Tintit tingjrong.. Tingting jrong.. eup ah, eup ahh eup..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar