Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Senin, 30 April 2012
Hilda Iskandar: Ti Pangaosan
Hilda Iskandar
Ti Pangaosan
"Ti mana ari mamah sore kieu karak ngampih?" kuring nanya ka Pamajikan
"Na ari Bapa, panan tiap dinten salasa teh Mamah ngiringan Majelis Ta'lim di Alun-alun" tembal pamajikan nengterewelang
"Nya meunggeus, ngan naha meni poho nyangu-nyangu acan panan Bapa teh lapar ari balik ngantoer teh!" cekeng bari muka lomari makan nu molongpong
"ih da Mamah ge emut, natak mang meserkeun ieu!" kitu na teh bari ngaluarkeun bungkusan tina jero tas...
"mawa naon?" rada curinghak
"Euleuh ningan ieu beuleum ketanna ge tos rapet kana buku ngaos Mamah" kituna teh bari balaham belehem.
Beuh.....
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar