Senin, 30 April 2012

Lucky Bachtiar: Rahul Bébéakan

Lucky Bachtiar
RAHUL BÉBÉAKAN *** Jang Kardan gigisik hudang saré, tenga-tengo kana lawang jandela nu dijieun tina tarigu. Geus rada beurang geuningan, panon poé gingsir ngulon. Nya kitu da ilaharna mah, pas tengah poé kirawanci jam 7, srangéngé téh pas pisan luhureun sirah. Ngarasa tikoro asa tuhureun, atuh gura-giru Jang Kardan naék ka para. Geuning caang nemra di para teh nepika teu katempo curuk-curuk acan. Geuwat leungeunna ruwal-rawél. Aya kénéh geuning kakarén kamari beurang. Ranginang paméré ma Atikah. Sanggeus béak ngadahar ranginang lima siki mah karasa leungit hanaangna. Tikoro nu tuhureun dadak sakala cageur. Jut Jang Kardan turun rék mandi. Saméméh mandi manéhna nyopolokeun heula sirahna. Éta sirah disimpen di jero kulkas. Sina rada haneut bangunna mah. Nya ma'lum rada balideg, lamun sirah nepika ka banjur ku cai matak jangar. Gejebur-gejebur Jang Kardan mandi. Tarik pisan sora gegejeburanna téh nepika kadéngé ka Mekkah sok padahal meuntas laut. Bari mandi téh ngan leguk-leguk wéh cai diinuman nepika béak satengah bak. Lumayan, leungit rasa laparna. Bérés mandi jeung dangdan sapuratina, Jang Kardan diuk lalajo tipi. Lugina karasana diuk dina luhureun areng nu keur meujeuhna ruhay. Kabeneran acara dina tipi téh nu pang dipikaresep ku manéhna nyaéta maen bal ku leunca. Jang Kardan poho masangkeun deui sirahna. Atuh éta sirah téh tibra deui wéh di jero kulkas nu memang haneut.

Hilda Iskandar: Ti Pangaosan

Hilda Iskandar
TI PANGAOSAN: "Ti mana ari mamah soré kieu karak ngampih?" kuring nanya ka Pamajikan "Na ari Bapa, panan tiap dinten salasa téh Mamah ngiringan Majelis Ta'lim di Alun-alun" témbal pamajikan néngtéréwélang "Nya meunggeus, ngan naha meni poho nyangu-nyangu acan panan Bapa téh lapar ari balik ngantor téh!" cekéng bari muka lomari makan nu molongpong. "ih da Mamah gé émut, natak mang mésérkeun ieu!" kitu na téh bari ngaluarkeun bungkusan tina jero tas... "mawa naon?" rada curinghak "Euleuh ningan ieu beuleum ketanna gé tos rapet kana buku ngaos Mamah" kituna téh bari balaham béléhém. Beuh.....

Endang Kasupardi: IMUT NU NGANCIK

Endang Kasupardi
IMUT NU NGANCIK
Ukur sarérét. puguh sakadar ngaliwat. teu ieuh sidik kumaha rupa jeung sorot matana. tapi nyéta imutna terus manteng dina ati. "salira téh saha?", cek haté dumadak nanya teuing kasaha anu pamohalan bakal aya jalma anu ngajawabna. terektek we nulis. "sugan kudu di sms ku uing mah. méh manéhna nyaho", ceuk haté deui bari terus mikir kumaha basa anu pas keur manéhna. bérés nulis sms terus dikirim. leng, ngahuleng. "panan can boga no hapena ogé," ceuk pikir deui. teu jadi. unggal isuk sok ngahajakeun ngalangeu heula di hareupeun buruan. sugan we manehna aya deui ngaliwat siga kamari, basa kuring keur nyéboran kembang. tapi geus méh sabulan, anu imut ngirut teuing kamana teu ieuh panggih deui. tapi tong hariwang geulis, imut salira bakal terus ngancik dina ati kuring.

Lucky Bachtiar

Lucky Bachtiar
Rahul Bébéakan Jang Kardan gigisik hudang sare, tenga-Tengo kana jandela Lawang nu dijieun tina tarigu. Geus rada beurang geuningan, panon poe gingsir ngulon. Nya kitu da ilaharna Mah, pas Tengah poe kirawanci selai 7, srangéngé teh pas pisan luhureun sirah. Ngarasa tikoro asa tuhureun, atuh gura-giru Jang Kardan Naek ka para. Geuning caang nemra di ayat teh nepika teu katempo curuk-curuk acan. Geuwat leungeunna ruwal-rawél. Aya kénéh geuning kamari kakarén beurang. Ranginang paméré ma Atikah. Sanggeus paruh ngadahar ranginang lima Siki mah karasa leungit hanaangna. Tikoro nu tuhureun dadak Sakala cageur. Tonjolan Jang Kardan turun-Rek mandi. Saméméh mandi manéhna nyopolokeun heula sirahna. Eta sirah disimpen di kulkas jero. Sina rada haneut bangunna mah. Nya ma'lum rada balideg, lamun sirah nepika ka banjur ku cai Matak Jangar. Gejebur-gejebur Jang Kardan mandi. Tarik pisan sora gegejeburanna teh nepika kadéngé ka Mekkah sok padahal meuntas Laut. Bari mandi teh ngan leguk-leguk weh cai diinuman nepika paruh satengah bak. Lumayan, leungit rasa laparna. Beres mandi Jeung dangdan sapuratina, Jang Kardan diuk lalajo tipi. Lugina karasana diuk dina luhureun tempat areng nu Keur meujeuhna ruhay. Kabeneran Acara dina Tipi teh nu pang dipikaresep ku manéhna nyaéta maen bal ku leunca. Jang Kardan poho deui masangkeun sirahna. Atuh eta sirah teh tibra deui weh di jero kulkas nu memang haneut.

Lucky Bachtiar: Hiji Wanci Di Parapatan Jalan

Lucky Bachtiar
Hiji Wanci Di Parapatan Jalan Jatnika nangtung di parapatan rék meuntas jalan. Sajung-jungeun sukuna ngalangkah da lampu beureum geus hurung, tapi bedo. Kapugag léngkahna kusabab sarérétan ningali sédan mérsi. Ari nu tumpak nyaéta jalma nu kacida dipiwanohna. Kabayang dina pikiranna rék kamana éta jalma ngajugjug. "Beu, hasil pamaksudan nu mimiti meureunan. Ayeuna rék neruskeun babadamian tahap kadua. Nya sing salamet wé anjeun. Urang hirup babarengan doraka pipisahan." Kitu gerentesna. Lampu geus héjo. Kandaraan rabeng deui ngajugjug ka tujuanna séwang-séwangan. Jatnika mah tetep wé ngajega nangtung. Pikiranna pinuh ku mangrupa-rupa kalangkang. Kalangkang tina pangalaman-pangalamanna nu geus kasorang. Bakat ku anteng dina implengan nya teu katalingakeun nu aya di sisi jeung satukangeunna. Manéhna rada ngarénjag kagebah ku hiji sora : "Pasihan Gan, pasihan !" Kitu éta sora téh. Barang dirérét geuningan si bibi nu biasa jajaluk di términal Wétan. Harita si bibi mamangku orok nu ditaksir mah can sataun umurna. Jatnika nalék bari ngagelenyu. Haténa mah ngageuri ningali orok nu geus dipaké goroh. Orok diséwa-séwakeun pikeun bérémaén. "Aéh geuningan bibi. Bibi mah moal apal ka abdi tapi abdi apal pisan ka bibi. Lain nu sok di terminal Wétan ieu téh ? Gunta-ganti orok waé atuh, bi. Ari nu kamari dikamanakeun ?" Song Jatnika méré 2000 pérak ka si bibi. Si bibi teu lemék teu nyarék, teu nganuhun-nuhunkeun acan. Kateunggar ku éra meureun. Ngan léos wéh manéhna ninggalkeun Jatnika. "Teu nu di sédan teu nu jajaluk, beuki pisan kana goroh téh geuning." Kitu ceuk haténa. Lampu geus beureum deui. Atuh ayeuna mah teu kapugag léngkah Jatnika. Hawar-hawar kadéngé adzan wanci ashar. Panon poé geus gingsir ngulon, cirining kahirupan jalan terus. Siga argo taksi nu lalar-liwat di éta jalan. Jatnika ngajugjug ka masigit.

Yuharno Uyuh ONod

Yuharno Uyuh ONod
Di lembur mah geus ilahar lamun aya hiburan tatanggapan dinu hajat, memeh prung teh sok loba sambutan ti aparat desa, pihak kamanan, tokoh/kokolot lembur jeung wawakil tinu boga hajat. Ari sambutanana sok ngacapruk kamana karep matak pikakeuheuleun nu lalajo. Pas bagean sambuta kepala desa. " Punten ka para panongton supaya diregepkeun, aya hiji hal anu ku simkuring disampaikeun.., nyaeta salila simkuring ngajabat jadi Kades can pernah curang atawa koropsi..., lain pedah hayang dipilih deui, lain eta tujunana. Ngan sakali deui simkuring mah salila ieu can pernah nggagasab duit ra'yat... sajongjongan jep hadirin jempling. Na atuh bet aya nu aya ngagorowok, sihoreng budak lurah kelas genep SD. "Bohong ketang si bapa mah ngawadul..., ari duit keur nambahan mayar motor si AA, apan tina beas raskin... Budak nyaritana bari lumpat. Lurah kaget reuwas asa diwiwirang ku budakna. Pok deui nyarita. "Hampura ka hadirin.., tong percaya ka budak, percaya mah ka simkuring, sakali deui..., simkuring can pernah koropsi sakumha anu digorowokeun ku pun anak tadi, eta mah gosip, da anu sabenerna meuli motor lain tina raskin tapi tina duit pajeg..... Atuh ari ger teh anu lalajo seuri bari pating gorowok.

Heru Supanji: LOTEK LADA

Heru Supanji
LOTEK LADA Keuheul budak teu daek sare bae, antukna listrik ngahaja dipareuman tina bohenser ku Ki Salhiam. Jepret....poek weh. Budakna ngoceak da bakat ku sieun poek anu kacida meredong. Bi Salhiam surti, geuwat budakna dirawu dipepende sina sare. Teu lila, jempe budak teh tayohna mah tibra. Dina meredongna kamar, Ki Salhiam ngalaksanakeun ibadah nganapakahan batin Bi Salhiam. Salse bae da boga anggapan budak geus tibra. "Umi....Umi..... ujang hayang lotek...!" ceuk budak anu disangka tibra teh. "Lotek timana Ujang wayah kieu wari...?" walon Bi Salhiam haroshos. "Geuning eta Abah seuhah...?" ceuk budakna.

Hilda Iskandar: Ti Pangaosan

Hilda Iskandar
Ti Pangaosan "Ti mana ari mamah sore kieu karak ngampih?" kuring nanya ka Pamajikan "Na ari Bapa, panan tiap dinten salasa teh Mamah ngiringan Majelis Ta'lim di Alun-alun" tembal pamajikan nengterewelang "Nya meunggeus, ngan naha meni poho nyangu-nyangu acan panan Bapa teh lapar ari balik ngantoer teh!" cekeng bari muka lomari makan nu molongpong "ih da Mamah ge emut, natak mang meserkeun ieu!" kitu na teh bari ngaluarkeun bungkusan tina jero tas... "mawa naon?" rada curinghak "Euleuh ningan ieu beuleum ketanna ge tos rapet kana buku ngaos Mamah" kituna teh bari balaham belehem. Beuh.....

Dennykurniadi Kurniadi

Dennykurniadi Kurniadi
Seueur pisan carponis teh. Mung cenah hasil karyana seuseut dimuat ku koran. Utamina keur panulis ngora. Nu mucunghul teh kalah eta deui eta deui. Padahal kualitas karyana mah asa teu awon-awon teuing.

Bewara ti Yayan 'Bedog' Supriatna

Yayan 'Bedog' Supriatna
Ka dulur-dulur miwah palawargi sadaya, ayeuna mah saha baé ogé tiasa nerbitkeun buku pama tos gaduh naskah/karya mah. Mangga googling ngeunaan Print n Demand (POD) nu pihartoseunana kinten-kinten "Nyitak sasui pesanan". Nyitak hiji buku ogé tiasa. — with Basyar Isya.

Ambu Sulintang: AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK

Ambu Sulintang
AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK ..................................... tepi ka lembur panonpoe geus surup, motor si kukut teu sirikna satengah digusur asup ka garasi..... culang-cileung panon ngulincer neangan incu, na kamana, naha bet suwung???? biasanamun kuring balik najar atawa tas indit jauh teh sok muru lumpat bari ajrag2an ngarebut babawaan ngotektak oleh2, digero-gero disambat taya nembalan, ukur bi enung lanjang nu ngasuh nyampeurkeun, "tadi teh disampeur ku cep aan, saurna ameng di lapang." manehna hideng mangnembalankeun.... kuring ngembang kadu, hareugeueun, hanjelu, kacipta... mangkaning si aan teh budak lenger jeung harak, malum geus rada gede umurna saluhureun incu, dalah sakolana ge kuduna mah kelas 2 SD. Incu teh umurna kakara 4 taun "euh.... naha diantep? geus dihuapan?" ceuk kuring, bari ngalungsar dina sofa di tengah imah. "parantos, nanging teu patos seueur tuangna, kabujeng kabengbat ameng." deui2 bi enung nembalan. sabab pikiran teu jongjon, teu salin-salin acan, leos kaluar ngajugjug lapang tukangeun imah, angkanan teh rek neang incu tea, can ge engab biwir nyalukan, kadenge nu ngawiwiw ti juru beh kidul, sidik sora incu kameumeut...... satengah lumpat ngudag sorana, kasampak..... Ya Allah Ya Robbi, kasampak incu teh nyakere dina solokan, bari dihalangan ku suku lebah tonggongna ku ..... si aan, teu antaparah kuring ngajerit nyambat incu. Si aan reuwaseun tuluy ngabecir balik. incu ku kuring dihanjatkeun, ceurikna mingkin eueuriheun, leutak kokotor minuhan awak jeung sirahna, bau teu puguh ambeuna, da puguh solokan teh pamiceunan limbah korobokan. nyel ambek ka si aan.... naha aya budak ku bangkarwarah?????mun kongan da diparekoskeun tah sukuna, lain sakali dua manehna ngaharakan ka incu teh. keun siah rasakeun ku aing deuk diontrog ka imahna, tuman......sirah lenglengan, ambekan ngahegak, ambek nyedek tanaga midek, kumaha nya pipetaeun???? Ya Allah, Ya Rabb.... Astagfirullah Hal Adzim, piraku abdi kedah ngagugulu raja wisuna??????

SAMPURASUN

Manik Sundayana
Sampurasun, Sim kuring gaduh usul, kumaha upami Carponpis ngupayakeun hiji karya nyata réréongan, misalna waé novel. Ilaharna novel digarap ku saurang, nanging kumaha upami ayeuna digarap réréongan téa. Upami saurang nyumbang 300 kecap, panginten aya 10 urang janten 3000 kecap. Cara sareng katangtosan : 1. Ulah waka dipasihan tema sareng judul, 2. Naon anu diserat mangrupikeun panyambung ti saméméhna. Anggap waé status nu dikomentaran dugika panjang. Misalna sim kuring nyerat status kieu : Rebun-rebun Nyi Atikah geus aya di kebon, henteu jiga biasana. Paromanna hégar marahmay semu nu kacida bungahna. Sanggeus rurat-rérét sakeudeung nalingakeun sakuriling, inyana muru ka juru kebon beulah Wetan. Geuning didinya téh meni pinuh ku kekembangan, mangrupa-rupa ti mimiti malati nepika nu anyar dipelak nyaéta kembang eros beureum. Nya kembang eros beureum ieu nu jadi panarik batin Nyi Atikah datang. Sanggeus deukeut jeung eta kembang eros, Nyi Atikah ngaluarkeun hapé tina sakuna. Ngan jeprét-jeprét wéh si kembang téh dipotoan. Na jero haté inyana nyarita : "Duh meni aréndah kieu geuning kembang pelak aing téh. Rék dikirim ah ieu hasil potona ka ema di rumah sakit. Atoheun sigana." ............. Tah dugika dinya tiasa diteraskeun ku baraya anu sanesna. Manawi.

Endang Kasupardi: IMUT NU NGANCIK

Endang Kasupardi
IMUT NU NGANCIK Ukur sareret. puguh sakadar ngaliwat. teu ieuh sidik kumaha rupa jeung sorot matana. tapi nyeta imutna terus manteng dina ati. "salira teh saha?", cek hate dumadak nanya teuing kasaha anu pamohalan bakal aya jalma anu ngajawabna. terektek we nulis. "sugan kudu di sms ku uing mah. meh manehna nyaho", cek hate deui bari terus mikir kumaha basa anu pas keur manehna. beres nulis sms terus dikirim. leng ngahuleng. "panan can boga no hapena oge", cek pikir deui. teu jadi. unggal isuk sok ngahajakeun ngalangeu heula di hareupeun buruan. sugan we manehna aya deui ngaliwat siga kamari, basa kuring keur nyebran kembang. tapi geus meh sabulan, anu imut ngirut teuing kamana teu ieuh panggih deui. tapi tong hariwang geulis, imut salira bakal terus ngancik dina ati kuring.

Dennykurniadi Kurniadi: BAGJA TINEKANAN

Dennykurniadi Kurniadi
BAGJA TINEKANAN Poe isuk manehna rek nepungan. Cenah rek nyumponan jangji pasini nu kungsi kedal di Ciwalini, sabulan katukang. Puguh atohna da sidik eta nu dipikahayang. Bagja kuring geuning tinekanan.

Dennykurniadi Kurniadi: RAJAPATI

Dennykurniadi Kurniadi
RAJAPATI: “Heu..alus, cing naon buktina?” walon Haji Imron. “Sakumaha hasil panalungtikan pulisi, gedengeun layon Mama Haji Rosadi aya KTP Danu. Eta nu kahiji. Kaduana, ustad Emus saurna ningal pisan mun wengina dina malem Jumaah, Danu lebet ka bumi Mama Haji Rosadi. Tah, rupina ku sakitu oge kiat tudingan teh pikeun si Danu,” tembal Oman nu dihaminan ku sawatara urang nu hadir dina eta gempungan. “Leres pisan Mama kasauran Oman teh. Numawi abdi mah hoyong saenggalna si Danu dicerek sarta diserenkeun ka pulisi, satuju?” Udung nyelengkeun ti tukang. Atuh meh kabeh raeng satuju kana pamadegan Udung. Malah, Odih mah nu kasebut jalma barangas jol gorowok we menta Danu sangkan diteunggeulan heula samemeh diserenkeun ka pulisi.

Budi Firdaus: Carponpis

Budi Firdaus
Carponpis: Kacaritakeun sim uing naksir carponpis.

Dery Andriawan: ‎"Gocap"

Dery Andriawan
"Gocap" Dina hiji waktu, di téras imah. Kabayan keur ngawangkong jeung Pamajikanna. "Teu karasanya, ayeuna urang teh geus kolot" ceuk si Kabayan, bari ngusap buuk pamajikanana anu panjang ngarumbay. "Enya Kang, asa karék kamari Akang ngalamar Nyai " tembal Nyi Iteung bari seuri saeutik semu bungah. " Umur Nyai ayeuna geus "Gocap" nya?" ceuk Kabayan deui, ngomongna bari maké logat Mandarin. "Bulan hareup Kang. Naha rék méré kado? make jeung nanyakeun umur sagala" tembal Nyi Iteng pinuh kupangharepan. "Engké, lamun umur Nayi geus "gocap" ku Akang rék ditukeuran ku "Jigoan" ngarah bisa menang dua" ceuk si Kabayan bari Nyéréngéh. "Dasar lalaki teu Uyahan!!"

Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi

Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Aya hiji raja, boga anak 2. Ngaranna ulanga jeung ulangi, si Ulanga paeh. Berarti nu hirup si....

Efiq Zulfiqar: Carita pangpondok na sadunya ka 2 :

Efiq Zulfiqar
Carita pangpondok na sadunya ka 2 :
Aya hiji raja, ngarana "King Lieur". Kabeuki na cau atah. Barang dibere cau asak...atuh beak 5 turuy mah...

Agus Badeng

Agus Badeng
kacaritakeun aya hiji jawara kahot nu ngaliwat kahiji eta lembur,barang keur lempang lebah sasak rawayan,pasangrok jeung musuh bu2yutanna,dua nana oge kcida reuwasna ku teu nyangka geus sakitu lilana teu panggih heg ayeuna panggih dai,bari jeung teu ngahaja.barang geus deukeut,pok nu hiji jawara eta teh nangtang bari mesat bedog bari hahaok,pok nateh kieu; @jawara 1:"heh...?silaing nyaho anu keur dicepeung ku dewek ieu naon?". @jawara 2:"Nyaho....eta mah bedog". @jawara 1:"ari eta nu dicepeng ku ilaing?" @jawara 2:"belati". @jawara 1:"urang tukeur tambah?'' @jawara 2:"hayuu!!!". (hahaha...ari sgn teh rek garelut,klh silih rangkul bari nukeuran pakarangna...,bro geus soak nempo nu pa adu hareupan...hahaha...:D).

Rifan Sahrony: ‎" Jaka Lalana "

Rifan Sahrony
‎" Jaka Lalana ": Geus teu kaitung lembur nu di jug-jug, Desa nu di teang. Teu ngarasa serab ku panas tiris ku hujan. Teu sirikna unggal paguron di asupan. Kiwari geus masagi. Luhung elmu jembar pangabisa. Keukeuh nyaung-nyaung di pagunungan nu jauh ti pilemburan anggang ti padesaan. Harita, manehna keur sidakep sinuku tunggal ngahijikeun rasa jeung pikiran. Di hiji guha nu ukur taram-taram. Ting keclakna cai nu kadenge mapaesan di jero guha. Poe katujuh. Peujit mimiti murilit,kesang meh ampir beak,awak langlayeuseun. "Cukup! Cukup!" aya sora tan katinggalan. "Meujeuhna Cu!.Geura turun ti gunung,geura lugay ti patapan." Sora nuaweuhanana ngeusian sabudeureun eta guha. Nyah, beunta, peureudeuy! rucang-riceng, gigisik. Ngarasa serab kunu hurung ngagebur hareupeunana.

Iwan Ardhie Priyana

Iwan Ardhie Priyana
Tangtos tos pada uninga, nu disebuat carpon teh "carita pondok", kumaha nu disebut podok teh? Memang can aya ukuran nu jinek, mun nyoko kana definisi dina widang ilmu satra teh pondok teh diantara bisa dibaca kalayan ngan sababarha meni, alur caritna linier, jeung ekonomis dina aspek tokoh. Geus mah pondok, ditambah deui ku kecap pisan, hartosna dina ieu lapak memang kedah aya aturan nu ngawatesanan sangkan loyog disebut carponpis. Sajaba ti eta, mun make papagon carita sacara umum, dina carita rek panjang atawa pondok tetep mibanda alur, penkohan jeung ending. Ieu mah mung sakadar "mapatahan ngojay ka meri", mung saena memang unsur carita sakumaha disebat dipayun saena mah kedah ngajanggelek dina carpon pis. Maksad na teu aya sanes sangkan dina carponpis tah ngagduhan "karakter" tur bisa nyingkahan tina postingan anu saleresna mah teu aya tumalina jeung carponpis. Kitu rupina, pangaputen bilih teu sapagodos. Hatur nuhun.

Abah Fajry

Abah Fajry
Dina hate kuring anjeun cicing ayun ambing beurang kalawan peuting namung... dina hate saha kuring bakal eunteup Nyaliara ngajadi rasa Kuring kakalayangan duka kamana Kamana...Kamana...Kamana???....Ayu Tingting mepende jemplingna kuring.

Eka Gandara Wk

Eka Gandara Wk
Ari usum hujan kieu teh sok ras inget kana pangalaman sorangan jaman barudak laleutik keneh. Balik kuli harita teh, kasampak barudak keur kekeceprekkan , huhujanan. Teu mangrupa da puguh bari guyang ulin leutak. "Tah papap uih !"indung budak ngabejaan bari nyingsieunan barudak tidituna mah. " Teu kenging diwagel, tah, kalah ngahajakeun geura.....!"cek indung budak sieun disalahkeun. Nempo kuring nulak cangkeng barudak teu wani nyampeurkeun, angger cicing di buruan bari meresihan leutak disakujur awakna. Ras inget ka sorangan keur budak oge sok resep mun huhujanan bari ulin leutak. Tapi ayeuna mah geus beda jaman. Kuring kudu mantuan indung barudak "menegakkan kewibawaan"......! Bari angger nulak cangkeng ditambahan ku rada molotot kuring ngamimitian acting : "Kadarieu...!" cek kuring rada ngagorowok, barudak nyalampeurkeun bari tungkul teu wani nempo sang bapa nu keur bendu. Kuring neruskeun hanca acting tea, ayeuna mah bari rada nyentak : "Teu bisa dicarek ku mamah mah, ku papap yeuh...!" Volume sora rada ditambahan : " Sok, mending huhujanan atawa mending disintreuk !".... bari nginghak rek ceurik barudak rampak ngajawab :"...........nya mending huhujanan !".....acting kuring teu kebat da rumasa salah mere pilihan, indungna ngehkey nyeungseurikeun kuring.....!***

Neneng Sitanggang: Fiksimini #Raheut#

Neneng Sitanggang
Fiksimini #Raheut#: Teuteup anteb, telek neuteup méga bodas nu pating aruntuy tina jandéla, Lamunan ngalayang mulek ka mangsa katukang, mangsa manéhna medar sagala rasa nu rokaha na dada... Kasono taya kendatna, kanyaah taya laasna, katresna mo aya sudana, éta angkeuhan nu harita pageuh meungket asih duaan, Kiwari kari lalakon nu sakapeung sok datang ngaléléwa, ngajak ngaguar deui rasa nu kuat nyaliara na jero dada.. Angin peuting ngananaha, bulan nu pias ngaléléwa, nyampurnakeun raheut nu gudawang, nu teuing iraha garingna...

Minggu, 29 April 2012

Muhammad Sulaeman Yusuf

Muhammad Sulaeman Yusuf
‎"DUNG DENGDENG DUNGDEUNG, DUNG DENGDENG DUNGDEUNG. TRENENGNENG NENG NENG NENG, HEOOOOOTTTTT .TENG NENG NENG DUNGDENG " Pamiarsa CARPONPIS. Teupang deui sareng simkuring Muhammad Sulaeman Yusuf.Pamiarsa CARPONPIS urang teuraskan deui LALAKON " NAYANG CALING" tea...sok Ah..geura regepkeun cing tarapti.....Treneng..* Jang Eunang meusatkeun haur koneng kahareup bari mapat ajian " kenang kenong koneng ". JEULEUGER eta taneuh beureum diadu jeung haur koneng jang enang......BURISAT sinar kaluar di sabudeureun pakalangan......Aeh-aeh geuningan ! aki-aki ieu teh lain samanea..geureunteus jang Eunang, ari jaligjeug mundur opat lengkah kusabab nandangan ajian ti aki DANTA...Aduh alah ? lain bantrak-bantrakeun budak ora teh, manehna bisa nahan ajian NAYANG CALING urang..sarua aki Danta mundur opat lengkah diberingan ku hegak..Taneuh beureum jeung sinar masih ngaggulung dipakalangan..Heugh bodak ora. aki Danta ngomongna beuda jeung nu tadi rada ngosom...Nu bisa nahan ajian kuring iwalti jalma nu boga tanaga dalam "Awak Awi' jeung kudu Boga Haur Koneng tilu buku..bari ngeubatkeun lawon ikeut..HIUK SAREAK.. gulungan taneuh beureum jeung sinar langsung laleungit. Jang Eunang nu masih nu masih nyeukeul haur koneng, ngadengekeun omongan aki Danta,,euleh-euleh nahan beut apal kana elmu urangnya. Jang Eunang ngageureuteus...heh aki Danta, nya kuring boga haur koneng tili buku jeung ajian " AWAK AWI" nahan anjeun apal ?...eta ajian aya dina kitab " SASTRA RAGA BUANA " nu di ceukeul ku Nyimas Ninti ti gunung wates hyang..jeung teu gagabah bisa nempo eta kitab...BOA-BOA maneh maok eta kitab nya ?. EEGHHHHH....Dasar aki-aki peot, jeung bau hangseur, anjeun tong mitnah kitu...mun kitu carana, kuring teu narima..Yeuh tahan ajian AWAK AWI SAGIRAT nu Kuring..." Sagurat, Rat - Rat, Sakarat Jagat " sa eunggeus mapatkeun Jampeu bari ngagguratkeun haur koneng kaluhur..Hiuuuuuuuungggggg eta haur teh muter di luhur tuluy ngalobaan....Suruwuk haur nu jadi loba arah aki Danta...Sakiceup aki Danta meulikeut ikeut kana dampal leugeuna..tuluy di puteurkeu bari ngaggorowok AJIAN MUTERR BUMI....belatatak-belatak eta haur koneng cing balaletak diadu jeung leungeun aki Danta...Sabot nuaduan eta ngaluarkeun pangaweuruhna sewang-sewangan...AYA sora handuruan ti belah wetan....AUUUMM-AUUMM.." KOLOYONG-KOLOYONG LAMUN LEUMPANG NGLOYONG KULANTARAN NYEURI SIRAH MANGGA GALEH 'KADUKDAK' OBAT KANGGO NYEURI SIRAH DIJAMIN LANGSUNG CESPLENG" EULEH-EULEH PAMIARSA CARPONPIS...GEUNIGAN WAKTOSNA TEU NYEUKAPAN ATUH URANG TERASKEUN DINA LAIN WAKTOSNYA..MANGGA ATUH...DEURENGDENGDENG TINGNEUNG..........

BAKAL CALON

Mamat Supriatna
BAKAL CALON Gambar-gambar anu ngajeblag dina lawon rubak teh beuki lila teu ngajirim. Keur mah ti saprak dipajang loba nu nanya saha-sahana. Ieu mah dumeh unggal poe kaliliwatan, kapaksa ditempo, ditelek-telek, geuning euweuh beungeutan alias awakna wungkul. Hayoh ngajagragkeun awak tanpa beungeut hayang dipilih bakal calon walikota atas nama rahayat anu tara dihiap-hiap. Atuh puguh sakur rahayat anu ngaliwat sapuk kumpul di lapang rek ngadu’a sangkan sakabeh gambar awak teh teu tulus jadi calon. Dadak sakala, sanggeus ngadu’a angin ngagelebug nyoplokkeun gambar-gambar awak, terus ngalayang, ngagulung, bruggg….gorolong brus kana durukan nguntab-nguntab. Gambar-gambar awak musnah, tapi tetep aya nu jeneng walikota! Cimahi, 28042012 (Saptu tabuh 11:07)

Poe Senen

Dennykurniadi Kurniadi
Poe Senen: Basa Nyai keur nyeuseuhan di pancuran. Inget keneh harita teh wanci haneut moyan. Akang ujug-ujug nyampeurkeun, teuing timana jolna. Sarangah serengeh gumasep. Tuluy cingogo bari ngelepus udud. Serebung haseupna bijil tina liang irung. Puguh Nyai era parada. Rek ngejat hanjat deui ka tonggoh, kagok erok geus cipruk ku budah sabun. Ongkohna deui seuseuheun ngalumbuk keneh. Nya kapaksa Nyai tuluy ngagiles bari hate mah keuheul oge. Rek nanahaon Kang Udung ka dieu, pok teh na hate. “Tos ibak, Nyai?” ceuk Akang bari ku angger sarangah serengeh. Malah kasebeleuna teh bari kucap kiceup sagala. Samemeh biwir nembalan, hate miheulaan ngagerentes: “ih, dasar lalaki cunihin, naon maksudna make nanyakeun geus mandi acanna. Hayang nempo awak Nyai nu koneng umyang kitu? Atawa meureun hayang lalajo bujur? Oh, nyaho. Meunyi, moal ditembongkeun kanu kitu patut. “Aduh mani seueur nya seuseuheunana. Wios dibantos ku Akang?” ceuk Akang keneh rek sagap-gapeun nyampa seuseuheun dina ember. Palebah dinya mah Nyai wani nembalan, sabab geus nyangkut kana soal harga diri, ajen inajen hiji awewe. Keheulaanan ari perkara seuseuheun kudu direbut ku lalaki mah. Keun urusan nyeuseuhan mah urusan awewe, lalaki mah hiber kaituh neangan kipayah. Ah, ketang babakuna mah era we bisi manehna ngagiles jeroan. Leuheung mun nu Nyai aralus keneh karek meunang meuli ti Ceu Rohmah tukang baju geblugan. Heg teh nyeuseuhan jeroan nu si nini, nu kacatur geus lada tur saroek. Tada teuing wirangna. “Teu kedah, ah,” ceuk Nyai guraweud. Akang cingogo deui. Pok nyarita; “Nyai saleresna mah aya nu bade diobrolkeun ka Nyai teh. Akang bade balaka ngadugikeun naon nu aya dina hate Akang danget ayeuna,” ceuk Akang malapah gedang tidituna mah.

Sayembara

Dery Andriawan
Sayembara: Dina raraga ngabebenah kota Bandung. Walikota ngayakeun sayembara, Sing saha anu bisa ngabereskeun masalah kamacetan, di bere duit samilyar kontan. Hiji-hiji warga Bandung anu ngarasa pinter, di titah asup ka rohangan Walikota. Nepi ka salapan jalma can aya anu bisa mere solusi anu diharepkeun ku Walikota. Maranehna kaluar ti rohangan bari lengoh jeung tungkul era. "Kabayan..!" Kadenge sora tina sepiker nyebut ngarana, Kabayan ngageudig asup rohangan. Beda tinu sejen, kaluar ti rohangan , Kabayan ngajingjing koper badag, hatena bungah kacida. Wartawan anu ngarubung nanya "naon anu ditepikeun ka Walikota?". tapi Kabayan ngabetem teu ngomong sakecap-kecap acan. Saminggu ti harita, Pamarentah ngenakeun aturan "Car Free Day" dina poe minggu, di sakabeh jalur jalan tol anu rek asup ka Kota Bandung.

Ngimpen

Dery Andriawan:
Ngimpen: Ngimpen anjeun, ari gugah nuju ngeukeupan guguling....duh irahanya, tiasa ngimpen guguling, gugah-gugah anjeun anu dikeukeupan...!?

“PAPARIKAN - RARAKITAN”

Denny Cholid Rachmat Awan
“PAPARIKAN - RARAKITAN” (Hilap nu ngarangna, saha nya ?): Anak ucing keur arulin, Disisi situ Cikeruh, Urang cicing api lain, Poma pisan ulah geruh. Tali kincir tambang ucing, Kalinden tali bangbara, Balik piker kanu cicing, Ngalidon kanu ngumbara. Daun kukuk daun waluh, Karas-karas baligoan, Ulah gugup ulah geruh, Sing sabar nya ngadagoan. Piring pisin dipihatur, Kendi dicocokan lawon, Kuring isin dipihatur, Narimakeun jalma awon.

M U I

Dedi Ruspendi
M U I: Ngahaja ngondang MUI jeung Da'i anu kaasup hade we teu kondang oge, eta we mayarna ge nepi ka dua juta. Maksud teh sangkan ningali Sakola Gema Pancasila anu butut, tapi ari lahan pengembangan mah lega keneh. Saterusna ngamotifasi masyarakat sangka ieu sakola dianggap anu masyarakat lain anu c abah, tur ngadarukung kana pangwangunanna. Nalika MUI biantara kieu pokna "....Para wargi nyiar elmu teh kawajiban lebet kana ibadah, ku hal ieu ngabantos pasantren teh kalebet jihad kanggo perang sareng kabodoan. Insya Allah sim Kuring bae ngadegkeun Pasantren Al Khaeriyah di Sekedangdeur. Mangga zakat infak sareng sodakohna di kintun wae kanu nomor rekening Sim Kuring....." Ngahuleng ngadenge biantara MUI. Naha kalah rek ngadegkeun Pasantren di Sekedangdeur anu jarakna ukur 200 m ti SMP Gema Pancasila. Naha teu ngembangkeun SMP Gema Pancasila jadi Pasantren modern??????? Padahal pami eta MUI hayang jadi boga Pasantren jeung Sakola mah. Pek wae Yayasan Gema Pancasila pibanda da ku kuring oge rek dipasrahkeun asal maju we dunya atikan di Sekemala jeung Sekedangdeur, kuring rido mundur tina ketua Yayasan. Kumaha pamikiran ari Ketua MUI.......? Dibayar sangkan ngamotivasi ka Gema Pancasila kalahka ngadedetkeun.

Habib Sokonggo: ‎"hilap deui"

Habib Sokonggo
‎"hilap deui": aya hiji budak nu keur curhat ka guruna.. budak : bu,kunaon nya abdi di carekan wae ku bapa. ibu guru : kolot mah moal nyarekan teu pupuguh. budak : abdi nyarios ka bapa palay jadi polwan di carekan,jadi bidan di carekan deui wae terus kamari abdi solat nganggo mukena di carekan.. ibu guru : nya heeuh atuhhh,silaing teh apan lalaki..!!! budak : eh enya abdi hilapp

Iif Saifuddin

Iif Saifuddin
urang sunda kudu bangga boga sadulur jadi penyanyi tenar kasohor di manca nagara namina yonce nu sok disebut sebut ku jalma rea Biyonce, etateh bibina urang sunda

Dennykurniadi Kurniadi: ELING KABURITNAKEUN

Dennykurniadi Kurniadi
ELING KABURITNAKEUN Diuk téh nangunyar lambar na trotoar Jalan Déwi Sartika. Ngareureuhkeun kacapé tas kukurilingan teu puguh jugjugan. Hanaang mah nataku tapi teu sapésér-pésér acan keur meuli sirop. Langeor aya awéwé duaan ka alun-alunkeun. Ngaliwat kana tonggong. Ana dirérét naha kawas langeorna Yuyun. Haben diteuteup disidik-sidik. Ah, enya moal salah pasti Yuyun. Tuh katempo potongan buukna. Piraku kasamaran da puguh rumah tangga jeung manéhna geus ngawelas taun. Haté galecok bari angger melong nu keur leumpang. Lah-lahan dituturkeun. Gebeg enya baé Yuyun, kaciri aya karangan dina gadona. Nu dipelong kalah siga nu sieun, bingbrit ka wétankeun. “Yuyunnnn………………” Nu digeroan ukur ngalieuk. Bingbrit deui malah leuwih gancang leumpangna. Les ngiles teuing kamana léosna. Leungiteun tapak kahalangan ku pabaliutna jalma hareupeun Palaguna. Leketey, leuleus satulangsandi. Nyeri peurih alahbatan digerihan hinis. Bati cumalimba, nganaha-naha diri sorangan. “Karasa ayeuna mah. Lampah goréng téh geuning goréng deui wé balukarna. Tétéla hukuman keur jalma nu ingkar entong-entong di ahérat, dalah di dunya oge geus ditembongkeun,” haté ngarakacak. Kaduhung sagedé gunung, hirup teu nincak kana tetekon. Kalah kajongjonan guyang na leuwi nu pinuh ku geugeuleuh téa. Bray…panon beunta, geuning geus aya di hiji rohangan. Rut rét, aéh-aéh naha loba jalma, tapi geuning siga nu garélo? Dimana ieu téh?***

Yuharno Uyuh ONod

Yuharno Uyuh ONod
Di lembur mah geus ilahar lamun aya hiburan tatanggapan dinu hajat, memeh prung teh sok loba sambutan ti aparat desa, pihak kamanan, tokoh/kokolot lembur jeung wawakil tinu boga hajat. Ari sambutanana sok ngacapruk kamana karep matak pikakeuheuleun nu lalajo. Pas bagean sambuta kepala desa. " Punten ka para panongton supaya diregepkeun, aya hiji hal anu ku simkuring disampaikeun.., nyaeta salila simkuring ngajabat jadi Kades can pernah curang atawa koropsi..., lain pedah hayang dipilih deui, lain eta tujunana. Ngan sakali deui simkuring mah salila ieu can pernah nggagasab duit ra'yat... sajongjongan jep hadirin jempling. Na atuh bet aya nu aya ngagorowok, sihoreng budak lurah kelas genep SD. "Bohong ketang si bapa mah ngawadul..., ari duit keur nambahan mayar motor si AA, apan tina beas raskin... Budak nyaritana bari lumpat. Lurah kaget reuwas asa diwiwirang ku budakna. Pok deui nyarita. "Hampura ka hadirin.., tong percaya ka budak, percaya mah ka simkuring, sakali deui..., simkuring can pernah koropsi sakumha anu digorowokeun ku pun anak tadi, eta mah gosip, da anu sabenerna meuli motor lain tina raskin tapi tina duit pajeg..... Atuh ari ger teh anu lalajo seuri bari pating gorowok.

Abah Fajry

Abah Fajry
Aki Pepen balik k imahna bari nafasna renghap ranjug, ngomongna hariweusweus nitah sakabeh anak oge kulawargana karumpul. "Kumaha sujang geus karumpul kabeh?..si Cikal Yusef, si Lilis, si Deni, oge incu2 abah kabehanana" "Parantos Bah...naha abah teh kalahka jadi kieu?" Jang Yusef bari sedih "Muhun bah, hampura nya Lilis teu acan nyugemaken abah" Lilis bari rambisak "Kahayang mah abah teh ulah waka mulang ayeuna...kan sabulan deui kedah nungkulan anak kuring nu cikal di sunatan"Mang Deni ngiluan nyarita "Eh...kunaon ari maraneh make saredih kitu?maksud abah nitah di riungkeun teh, abah boga pamenta hayang di pangnyieunkeun facebok...hayang gabung ka kumpulanna kang yusef muldiyana anu ngaranna CARPONCIS teuing CARPONPIS kitu..abah bieu ninggali di statusna Abah Fajry" Harita keneh, anak-anakan si Aki langsung surak ambal-ambalan.

Pepen Taufik Hidayatulloh

Pepen Taufik Hidayatulloh
Kacaritakeun di hiji pilemburan aya budak angon keur keuna ku panyakit Hihileudeun.. curukna bareuh. Nurutkeun pituduh cenah kudu di asupkeun kana liangtai munding anu anyar ngising. Tapi teu daek panggih jeung munding... Panggih bae jeung nini2. Tuluy budak ditanya; Neangan naon ujang?. Ku bdk angon dicrtkn pnyakitna.. Nini2 nga jwb: 'karunya teuing.. kana bujur ni2keun bae atuh,da sarua anyar ngising'. Cek budak angon 'Sok atuh ni2na nonggeng,bari tuluy di asupkeun,ni2 nyarita 'Ujang eta mah lain liang tai atuh..' Budak nembalan 'wios nini da ieu oge lain curuk..'. Ni2 ngjwb heu..euuh paingan ngunah!

Iif Saifuddin

Iif Saifuddin
dina hiji carita aya tilu drakula jalan2 ka restoran dariuk dipojok didongkapan ku pelayan naroskeun nu dipesen, drakula 1 : aing menta getih budak ngora, drakula 2: kuring mah getih nu bodas wae, drakula 3: abdi wios cai bodas wae keur tegaduh cicis rada ngirit heula sabab BBM naek... teu lami dongkap deui pelayan nu tadi mawa pesenan tea. drakula 1: hayu di eueut. drakula 2 nembe bade nyandak gelas ngalirik drakula 3 keur ngabuka softek diplastikan teras dicelupkeun ka gelas bari nyarios tehcelup bro...

Uzanx Boam

Uzanx Boam:
Naek keretek ka baleendah | mimitina mah getek,lila-lila ngareunah

Dedi Ruspendi: KASEBELAN

Dedi Ruspendi
KASEBELAN Dua taun katukang waktu nyorocos hareupeun Ketua MUI Kacamatan, ngeunaan larap lampah zakat dina ugering hirup. Sugan teh ngabandungan ari pek teh terus ngobrol nu lain-lain jeung baturna bari panonna peupeureudeuyan duka naon maksudna. Ahirna kuring eleh deet ninggalkeun buku nu dicaritakeun meunang ngarang kuring. Datang ka imah kuring nekadkeun jeung kulawarga nyieun Baitul mall Kulawarga. Ti harita teu setor zakat ka masjid. Hak fakir jeung miskin 2/8 dibikeun ka Mang Ade, jeung nu miskin pisan di lembur. Nu sejenna dipake modal awal Koperasi keur nulungan nu kagerejud ku si Batak rentenir. Sakali Waktu Ketua MUI Kecamatan teh dakwah di masjid. "...Teu gampang ngadegkeun Baitul Mall kudu aya legal formal ti pamarentahan......" Asa nyentug kana rasa da kuring nu ngadegkeun Baetul Mall Kulawarga, anggap we zakat komunitas. Keu wae ah Anjing mengonggong Khafilah berlalu. Dua tahun ngadeg Koperasi Alhamdulilah aset Koperasi kiwari geus bisa mere nganjuk ka anggota gedena 5 juta, nya keur jalma leutik mah bisa keur nambahan hajat ngawinkeun budak atawa nyunatan. Atuh buka warung leuleutikan oge bisa. Infakna 10 % ngan bunga tunggal. Itungan gampangna mah, dicicil sapuluh kali, nu kasabelasna infak, teu bungaan deui najan telat mayar ge angger we infakna teh sakitu. Na ari kuruyung teh nu dakwah di mesjid. Urang kudu merangan rentenir nu berkedok koperasi make bunga 10 % cenah. Kuring ngarti lamun renten mah 10 % pasti nyangsarakeun anggota sabab bisa jadi pokok jeung bunga bakal jadi gede bunga. Tapi kapan ieu mah 10 % teh bebeng, teu nambahan samalah bisa ngurangan lamun anggota ngarasa beurat keneh mah. Keun wae deuh rek ngahajakeun taun hareup mah geura anggota Koperasi anu karek 50 jelema teh titah mayar zakat ka Baetul Mall kuring najan leuleutikan. Sugan modal Koperasi umat nambahan nepi ka bisa meuli Toko Swalayan nu lolobana gableg bangsa Asing ditempat kuring mah.

Iif Saifuddin

Iif Saifuddin
‎'bojo nu ngarti kahayang caroge' bojo: isuk2 A sarapan nasi goreng..! caroge: ah ieu wae barijeung nyium biwir bojo. bojo : istirahat siang, A dahar beurang aya hayam goreng. caroge: teu ah ieu wae bari nyiuman didada bojo bari jeung ngadegdeg nahan amarah... pas peuting caroge dongkap gawe kaget ningali bojo diuk di ricecooker teumake calana, keur naon maneh dina ricekooker. bojo: bari jeung nyantai nembalan, keur ngahaneutkeun kabeki caroge bilih bade dahar atos siap supaya teu ngadegdeg deui...!!!

Diki Nugraha

Diki Nugraha
aya hiji budak meujeuh na beuki ulin, hiji mangsa budak eta keur ngolo ka bapa na "bapa, pang meser keun ujang sapedah era ku si udin geus boga sapedah ari ujang meni ka sakola ge leumpang" ceuk budak teh " ah jang hirup mah ulah loba kahayang, jeung hayang boga sapedah, nu penting mah urang bisa dahar ge cukup" ceuk bapa na bari nuar tagkal cau hiji mangsa deui budak eta ngoloan deui hayang di pang meuli keun PS (playstation) ka bapa na "bapa, hoyong di pang meser keun PS jiga nu si asep, da era milu maen PS wae ka si asep"ceuk si ujang ngoloan "jang, hirup mah ulah loba kahayang, jeung hayang boga PS sagala, nu penting mah urang bisa dahar ge cukup" ceuk bapa na ngabebenjo keun pas wayah na di bagi raport bapa na ambek ka si ujang pedah raport na teh garoreng peunteun na "ujang, nanaonan ieu peunteun meni bareureum kieu, garoreng kabeh" ceuk bapa na bari ambek bari ngaleos si ujang ngajawab "aaah pak hirup mah ulah loba kahayang jeung hayang boga peunteun alus, nu penting mah urang bisa dahar ge cukup"

Yuharno Uyuh ONod

Yuharno Uyuh ONod
Si Aki jeung si Nini unggal isuk langganan meuli jamu gendong, tukang jamu teh ngora keneh pangawakanana jangkung lenjang kulitna beresih teu hawuk cara sejena. Hiji waktu si ayu tukang jamu tea kapeutingan, nya ku si nini jeung si aki dihiap dititah mondok. Si Ayu jamu atos asa diaku. Kulantaran imah si aki mah teu boga kamar kapaksa sarena dijuru deukeut lawang ka dapur. Si aki jeung si nini juru tengah imah teu jauh jeung si ayu jamu. Tengah peuting si aki sarena guling gasahan teu tibra, da memang can sare da ngadagoan si nini sare. Si nini bangun surti kana galgat si aki. manehna api-api sare terus kekerekan. si ayu mah sarena tibra psan da cape tas dagang jamu, sarena bari kancolah posisi sarena teu merenah, katangen pisan ku si aki. Si aki ngadenge si ni kerek teh meni atoh kacida. Manehna nangtung bari cungas cengos ngalengkah ngeteyep ngadeukeutan si ayu. Lengkahna jiga anu keur rek ngareog atawa nyalung. Salengkah... dua lengkah.... Barang geus rek deukeut ka si ayu si nini hudang bari nepak bujur si aki. "Aki...., rek kamana...? Si aki reuwas kacida. Tembalna. "Aduhhh puguh ngimpi ngareog kami teh, pokna. Bari nyapertikeun sora reog terus nguriling. "Tintit tingjrong.. Tingting jrong.. eup ah, eup ahh eup..

Heru Supanji: DASAR AWEWE

Heru Supanji
DASAR AWEWE Salaki: Manehna, si ema bieu nelepon isukan rek ka dieu. Kareta na jam 4 subuh tepi na. Pamajikan: Karek ge opat bulan katukang kadieu, piraku geus rek kadie deui? Isukan mah Ahad, telat atuh ngabejaan teh. Keun bae sina datang sorangan ari jam 4 subuh mah. Dimana neangan rental mobil wayah kieu wari? Salaki: Lain indung kami, indung manehna puguh nu rek kadieu. Pamajikan: Baruk si ema nu kadieu teh? Asa karek 2 bulan nya ti dieu teh? Dengekeun bapana, tah nomer telepon rental mobil... bejakeun isuk rebun-rebun kudu geus didieu. Kabeneran atuh poe Ahad jadi barudak keur pere jadi bisa jalan-jalan jeung nini na. (Tarjamah bebas tina: Mom Is Coming)

Dedi Ruspendi: WA HAJI

Dedi Ruspendi
WA HAJI: Nelah wa haji soteh saparantos angkat ka mekah. asalna mah estu jalma biasa-biasa nu teu tentrem di masjid. Aber-aberan we ka maqam jeung tempat anu suni upami ditaros walerna : ".....Uwa kacida hariwangna ka ahlaq jeung moral bangsa, aber-aberan ka maqam oge hayang meunang pituduh ti Allah sangkan bisa ngabebenah bangsa jeung nagara. Kapan Nabi Muhammad sareng Ibrahim oge ngantunkeun tempat ibadah, milari tempat suni memeh dipaparin tuduh jalan teh..." "...Tos mendak tuduh jalan wa?" Kuring muka obrolan ka wa Haji. "Encan jang, teuing kudu kumaha memeres bangsa jeung nagara teh". Kuring mesem "....Wa kapan Nabi Muhammad oge kenging tuduh jalanna di Guha Hira. Angkat geura Uwa ka ditu....". Wa haji nyentak "...Gableg duit timana ua kudu kaditu, kapan keur jarah didieu oge ngaduakeun huap jeung duit salingkuh ti pamajikan...." Nanging kitu kakawasaan mantena, wa haji angkat ka mekah duka gaduh artos salingkuh timana. Enya we dongengna, salami diditu teh ngadon wirid sami sareng di maqam di urang nyorangan di Guha Hira. Batur ka hotel teh anjeuna mah ninggalkeun maneh. Balik ti Haji kalah ulukutek di hiji dalang. Teu pira tukang mang nyieunkeun cikopi jeung mang ngumbahkeun mobil, sakapeung sok mang nyupirankeun lamun dalang indit atawa boga acara. Wa haji jamedud ti kajauhan tara-tara nyampeurkeun ka kuring gentak we ditanya "....Timana wae dupi wa haji meni lawas ti lawas, kumaha hasil orod di Guha Hira teh...." Jiga nu lungse ngalungsar dina bale "....Jang uwa teh meunang tuduh jalan pikeun memeres bangsa jeung nagara kudu ngahijikeun dua samudra anu lega tur jero. Teangan mataholang ki Sunda, kitu pituduhna teh..." Wa haji narik napas panjang "....Hanas uwa sataun jadi badega di hiji dalang hayang nyaho mataholang Sunda kapan dalang mah tingkat budaya nu pangluhurna. Meh sataun jang barang gorehel teh eta mah kamusyrikan jeung pasirikan...." Kuring neuteup wa haji anu jauh panineungan....."..Dimana atuh mataholang ki Sunda...???????" Wa haji ngagerendeng. Kuring naghuleng.

Ucin Herfin

Ucin Herfin
basa teuteup eunteup aya geter simpati nu murag na jajantung karasa gederna duriat nu kiwari ilang tanpa raratan anjeun mulang teuing kamana.... duka iraha eta geter ngageder deui ngahudang kateu purun nurag-rag teuing ka alam mana aya kecap pileuleuyan... junjunan

Diki Nugraha Kodar

Diki Nugraha
aya urang sunda nganjang ka urang jawa, pas nepi kabeneran keur taruang urang jawwa na teh, ari ceuk urang jawa "mari makan dulu" ceuk urang jawa "mangga atuh" ceuk urang sunda "silahkan " ceuk urang jawa bari ngasong keun sangu jeung deungeun na "aduh hatur nuhun pisan" ceuk urang sunda basa rek mawa angeun haseum na meja urangjawa teh ngomong "nah ini "JANGAN"(terj :sayur) rek mwa deui ka na mangkok hiji deui eusi na angeun sop "ini juga "JANGAN" ceuk urang jawa urang sunda teh mawa deui ka na wadah hiji deui nu eusi na angeun kacang "nah yang ini juga "JANGAN" ceuk urang jawa bari semu ambek urang sunda teh nangtung bari ngomong "ari dewek kudu dahar naon atuh, ieu jangan, itu jangan...???"